placeholder for flash movie
Saptu, 22 Juli 2017   English | Indonesia
:: Tepas  Sakolébat Garut Geografi


Géomorfologi

Bentang alam Kabupatén Garut béh wétan aya dua aransemén, nyaéta :

(1) dataran jeung cekungan antara gunung ngawentuk tapal kuda anu ngabuka ka arah wétan,
(2) rangkéyan-rangkéyan gunung api anu ngurilingan dataran jeung cekungan antara gunung, saperti komplék G. Guntur – G. Haruman – G. Kamojang – dibelah kalér, G. Papandayan – G.Cikuray dibelah Kulon, jeung G.Cikuray – G. Talaga Bodas – G.Galunggung di belah kidul. Bentang alam dibelah kulon aya dataran jeung éndahna basisir laut ogé aya garis laut anu panjangna 80 km.

Évolusi bentang alam Kabupatén Garut hususna Garut béh wétan bisa dijelaskeun ngaliwatan 2 anu ngadeukeutan hipotésis, nyaéta :

(1) Numutkeun Bemmelen (1949) yén ngawentukna tataan bentang alam, hususna di sabudeureun Garut, dititénan ku aktipitas vulkanik anu lumangsung dina periode kuarter (kira-kira 2 juta taun katukang nepi ka kiwari). Saréngséna kajadian robahna téktonik anu ngawentuk gunung di ahir Pléistosen, tuluy aya déformasi régional anu digerakeun ku sababaraha hiji potongan (istilah geografina mah patahan), saperti : Potongan Lémbang, Potongan Kancana, jeung Potongan Malabar Tilu. Husus disabudeureun dataran antara gunung Garut anu diperkirakeun geus jadi hiji turunan (depresi) akibat tina isostasi (proses anu maju kana kasaimbangan) tina batuan dasar jeung beban batuan sédimen vulkaniklasik diluhurna

(2) Numutkeun konsép téktonik Lémpéng (Hamilton,1979), prosés ngawentukna gunung api di Zona Bandung teu leupas tina prosés pangwentukan busur magmatis Sunda anu dikontrol ku aktifitas penunjaman (subduksi) Lémpéng Samudera Hindia anu asup 6-10 cm/taun dihandapeun Lémpéng Kontinén Asia. Bongkahan (slab) lémpéng samudera anu kandelna leuwih ti 12 km éta bakal teuleum ka mantel bagian luar anu suhuna leuwih ti 3000°, nepika cair deui. Akibat tina komposisi lémpéng kerak samudera anu sifatna basa, sedengkeun mantel bagian luar anu sifatna asam, matak kitu dina waktu cair bakal jadi asimilasi magma anu gerakan magmana ka luhur ngawentuk busur magmatis anu komposisina andésitic-basaltis, saréngsé ngawentuk magmatis, gerakan téktonik intérnal (intra-arctectonics) satuluyna anu nyebabkeun jadina prosés lipetan, potongan, jeung pangwentukan antara gunung.

Bentang alam Kabupatén Garut bisa dibagi 4 satuan  morfologi nyaéta : satuan morfologi kerucut gunung api, satuan morfologi lamping gunung gunung rélief kasar, satuan morfologi lamping rélief halus jeung satuan morfologi datar.


A. Satuan Morfologi Kerucut Gunung api
Satuan ieu nempatan bagian puncak tina Gunung Api Karacak, Gunung Cikuray, jeung Gunung Papandayan. Daérah ieu luhurna kurang leuwih 2000 meter tina > 40%. Pola aliran susukan asalna ti puncak gunung, jeung ordo susukan 1, deukeutna susukan luhur nepi ka pangluhurna. Batuan anu nyusun satuan ieu nyaéta lahar, andésit jeung bréksi vulkanik.

B. Satuan Morfologi Perbukitan Berelief Kasar
Daérah ieu anu luhurna 500 nepi ka 1.865 M. Karakteristik anu umumna aya dina satuan ieu rélief anu kacida kasarna, lembahna sempit ogé léréngna ngajurang pisan. Pola aliran susukan ngawentuk sub-denditrik jeung sabagian sub-paralél. Batuan anu nyusun satuan ieu nyaéta endapan vulkanik tua anu asalna ti bréksi vulkanik, lava andesit, tufa gelas, bongkah andésit – basal.
 
C. Satuan Morfologi Perbukitan Berelief Halus
Sabagian satuan ieu nempatan belah wétan, tengah jeung kulon daérah pemetaan. Dicirikeun ku perenahna lereng antara 2 nepi 15 %, jeung susukan anu ngabogaan gradién handap ogé anu biasa. Pola aliran susukan anu ngabogaan wentuk denditrik nepisub-paralél. Batuan anu nyusun satuan ieu mangrupa endapan vulkanik jeung endapan Tersiér.

D. Satuan Morfologi Pedataran
Satuan ieu nempatan dataran Bandung, dataran Pangaléngan, jeung dataran Garut. Bentang alamna nunjukeun rélief datar satempat jeung perenahna < 2 %, satempat leuwih ti 15 %. Morfologina nunjukeun kontur anu carang pisan nepi ka carang, luhurna dataran Pangaléngan antara 700 nepi 800 métér. Aliran susukan umumna dénditrik jeung sabagian anastomatik. Batuan anu nyusun satuan ieu aslna tina hasil robahna batuan anu leuwih kolot jeung diendapkeun sabagé endapan alluvial jeung kipas alluvial.

Pencét panah kiwa/katuhu dina Kibord sangkan pindah ka artikel séjén
Navigasi
July 2017
SuMoTuWeThFrSa
      1
345678
9101112131415
16171819202122
23242526272829
3031     
Stats Situs
IP Address : 35.184.189.105
Tautan Pilihan
spacer