peta situs kontak kami
Kemis, 09 September 2010   English | Indonesia
jeruk garut
:: Tepas Sakolébat Garut Geografi


Klimatologi


Wewengkon Kabupatén Garut mibanda iklim tropis baseuh (humid tropical climate) sabab kaasup tipe Af nepi Am tina klasifikasi iklim Koppen.

Dumasar tina studi data sekundér, iklim jeung cuaca didaérah Kabupatén Garut dipangaruhan ku tilu faktor utamana, nyaéta : pola sirkulasi angin musiman (monsoonal circulation pattern), topografi régional anu ngagunung béh tengah Jawa Barat; jeung élevasi topografi di Bandung.  Curah hujan rata-rata taunan di sakuriling Garut kurang leuwih 2.589 mm, sedengkeun di daérah gunung mah 3500-4000 mm.  Bulan baseuh di Garut téh lilana 9 bulan, sedengkeun bulan garing 3 bulan . Variasi suhu hawa bulanan kurang leuwih aya dina kisaran 24° C-27° C. Gedéna angka penguap keringatan (évapotranspirasi) numutkeun Iwaco-Waseco (1991) nyaéta 1572 mm/taun.

Salila musim hujan, tiupan angin béh kaléreun laut anu mawa hawa baseuh ti Laut Cina béh kulon jeung kaléreun laut jawa. Dina usum halodo, tiupan angin garing anu temperaturna rélatif luhur ti arah Australia anu perenahna di wetan nu rada ngidul.
Pencét panah kiwa/katuhu dina Kibord sangkan pindah ka artikel séjén
Navigasi
September 2010
MiSeSeRaKaJuSa
   1234
5678
9
1011
12131415161718
19202122232425
2627282930  
No Activities.
Stats Situs
[Atas]:Jumlah Hit Halaman
[Tengah]:Total Pengunjung
[Bawah]:Pengunjung Hari Ini
 
IP Address : 38.107.191.115
Tautan Pilihan
spacer