|
Kabupatén Garut ngabogaan poténsi ternak (ingon-ingon) anu kacida hadéna. Produk anu pinunjul ternak di Kabupatén Garut nyaéta Domba jeung Sapi Perah. Legana lahan anu ngangon di Kabupatén Garut kurang leuwih 2.651,65 Ha anu ngahasilkeun produksi pakan ternak lobana 93.187,08 Ton, nepi ka produktifitas lahan ngangon bisa ngahasilkeun pakan anu gedéna 28,29 Ton/Ha
Hasil populasi ternak Kabupatén Garut lamun dibandingkeun jeung taun 2003, rata-rata ngalaman pertuwuhan antara 0,2% nepi ka 18,66% salian ti meri (itik). Ningkatna pertuwuhan populasi éta dipiboga ngaliwatan fasilitas program mekarna ternak jeung breeding, boh tina dilaksanakeunana ku pamaréntah, anu miboga ternak atanapi swasta. Sedengkeun populasi unggas (hayam ras, hayam buras, jeung meri/itik) lobana dipangaruhan ku isu ayana wabah flu burung (Avian Influensa) anu nyerang ternak di Indonesia. Aya ogé, jumlah populasi jeung kapasitas produksi ternak anu gedé jeung unggas di Kabupatén Garut diuaraikeun dina data anu aya dihandap ieu.
|