|
Energi panas bumi - saab mangrupa tanaga rohaka, kalan-kalan dibarung ku cai panas – nyaéta sumber anu asalna cai turun tina permukaan bumi ngocor jeung magma anu kadarna kacida panas tina eusi bumi. Anu sok biasa ngahasilkeun énergi panas bumi nyaeta gunung api. Lamun kawénéhan, sok aya batu-batu anu ngahalangan antara cai jeung saab, kusabab kitu jadi reservoar saperti réservoir minyak bumi jeung gas alam anu bisa diproduksi ku cara ngabor sumur. Saab éta naék ka permukaan bumi jeung kakuatan anu rohaka upama tanaga atmosfir kurang jeung saabna mekar. Mekarna saab éta pikeun ngagerakkeun turbin, anu satuluyna ngagerakkeun generator, pikeun ngahasilkeun tanaga listrik. Saab éta bakal dilééhkeun deui dimunara paniis cacai anu disuntikeun kajero taneuh jeung siklus énergina bakal didaur ulang.
Indonésia katelah mangrupa nagri the Ring of Fire. Leuwih ti 200 gunung berapi aya di sapanjang pulo Sumatera, Jawa, Bali, jeung pulo-pulo di belah kulon Indonesia. Dina jaringan ieu aya poténsi énergi panas bumi dina jumlah anu lubak-libuk leuwih ti 20.000 MW. Jumlah ieu sarua jeung 6 miliar barel minyak bumi, kawilang gedé pikeun minuhan 10% tina paménta tanaga listrik nasional taun-taun kahareup. Kabupatén Garut kacatet ngabogaan poténsi sumber daya alam panas bumi Darajat jeung “reserve” énergi panas bumi anu gedéna 350 MW.

Kabupatén Garut ngabogaan potensi énergi panas bumi lumayan gedé kira-kira totalna 1045 MW (Mwe). Sumber énergi panas bumi bisa dimangfaatkeun boh ku cara langsung atawa teu langsung. Mangrupa energi anyar, panas bumi bisa diandelkeun pikeun pasokan mangsa manjang. Disagigireun éta, panghudang tenaga listrik, énergi ieu bisa dimangfaatkeun pikeun ngagaringkeun hasil tani, ngawétkeun hasil lauk jeung pariwisata. Pamangfaatan langsung ku cara ngusahakeun kalawan komersil ngan sawates pikeun terapi jeung rékréasi, saperti: cipanas, sedengkeun pamangfaatan teu langsung pikeun panghudang listrik kakara dimekarkeun di daérah Darajat (350 MW). Hal ieu pasti waé dijadikeun lolongkrang pikeun pamekaran di taun kahareup.
Potensi Pamekaran Energi Panas Bumi
|
1
|
Cilayu
|
-
|
100
|
-
|
-
|
-
|
-
|
100
|
|
2
|
Ciarinem
|
-
|
25
|
-
|
-
|
-
|
-
|
25
|
|
3
|
G. Papandayan
|
-
|
225
|
-
|
-
|
-
|
-
|
225
|
|
4
|
G. Guntur Masigit
|
-
|
-
|
|
70
|
-
|
-
|
70
|
|
5
|
Darajat
|
125
|
-
|
|
-
|
70
|
280
|
350
|
|
6
|
G. Talaga Bodas
|
-
|
-
|
75
|
120
|
80
|
-
|
275
|
|
TOTAL
|
125
|
425
|
620
|
1045
|
Sumber : Dinas SDAP Kabupaten Garut
Proyék panas bumi Darajat dimimitian dina taun 1984 waktu Amoseas nandatangan Join Operation Contract (JOC) jeung Pertamina sarta Energy Sales Contract (ESC) jeung PLN pikeun ngawangun sumber panas bumi Darajat, diantarana :
|