placeholder for flash movie
Senén, 23 Oktober 2017   English | Indonesia
:: Tepas Kabeungharan Alam  

 
Lingkungan Hidup

Kawasan Konservasi Jeung Rupa-rupa Hayati
CA dan TWA Talaga Bodas
 
Deskripsi Umum: Leuweung Talaga Bodas ditetepkeun mangrupa Cagar Alam dumasar Gb tanggal 12-3-1935 Nomor: 17 Stbl 104 anu legana 285 ha. Satuluyna dina tanggal 15-2-1978 dumasar Surat Kaputusan Menteri Pertanian Nomor: 98/Kpts/Um/2/1978 sabagian Cagar Alam Talaga Bodas anu legana 23,85 ha dirobah statusna jadi Taman Wisata Alam (TWA), legana cagar alam ngan jadi 261,15 ha. Kawasan ieu kaasup wilayah Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut  ogé sawaréhna kaasup wilayah Kabupatén Tasikmalaya.
Kawasan Taman Wisata Alam jeung Cagar Alam Talaga Bodas perenahna di daérah anu ngabukit miboga tofografi anu ngagelombang jeung sudut kamiringanana antara 30% - 70%. Kaluhungan tempat ieu 1.700 meter diluhungeun laut. Numutkeun klasifikasi Schmidt jeung Fergoson, iklimna kaasup tipe iklim C jeung curah hujan anu rata-rata 2.473 mm per taun.


  Flora : Dina kawasan ieu aya ogé Puspa (Schima walichii), Saninten (Castanea argentea), Pasang (Quercus platycorpa), Suagi (Vaccinium varingifiloum), Manglid (Magnolia sp),jeung sajabana.


Fauna : Sato liar anu hirup di kawasan ieu nyaéta Macan Kumbang (Panthera pardus), Monyét buntut panjang (Macaca fascicularis), kijang (Muntiacus muntjak), Trenggiling (Manis javanicus), Tupai (Callaciurus notatus), Burung Kadanca (Ducula sp), Burung Walet (Collocalia Vulvonarum), jeung sajabana.
CA dan TWA Papandayan
 
Deskripsi Umum: Leuweung Gunung Papandayan ditetepkeun mangrupa Cagar Alam dumasar Gb.Tanggal 14-2-1924 Nomer : 36 Stbl.43, anu legana 884 ha. Sateurusna dina tanggal 5-10-1978 ngaliwatan Surat Kaputusan Menteri Pertanian Nomor: 610/Kpts/Um/10/1978, sawarehna wilayah anu legana 221 ha dirobah jadi Taman Wisata Alam. Dumasar tina Surat Keputusan Menteri Pertanian No: 68/Kpts/Um/I/79 tanggal 22-1-1979 kawasan cagar alamna dilegaan nepi ka jadi 6.000 ha. Dumasarna tina Surat Keputusan Menteri Kehutanan Nomor : 226/Kpts 11/1990 tanggal 8-5-1990, Cagar Alam Gunung Papandayan ditetepkeun legana jadi 6.807 ha jeung Taman Wisata Alam legana 225 ha.

Kaayaan di tempat éta, lumrahna ngabogaan topografi curam, ngawentuk punclut jeung ngawentuk gunung sarta lamping anu garihal. Numutkeun klasifikasi iklim Schmidt jeung Ferguson, kawasan ieu kaasup tipe iklim B ogé curah hujan anu rata-rata pertaun 3.000 mm, kalembaban udarana antara 70-80% jeung temperature anu rata-rata 10 drajat Co.
  Flora : Tutuwuhan anu aya di ieu tempat lumrahna didominir ku tangkal Suagi (Vaccinium Vallium) jeung edelwis (Anaphalis javanica), sedengkeun wangun végétasi lainna nyaéta Puspa (Scima walichi), Saninten (Castanopsis argentea), Kihujan (Engelhardia spicata), Jamuju (podocaspus imbricatus) jeung lain sajabana.


Fauna :Sato liar anu aya nyaéta : Babi Hutan (Sus vitatus), Trenggiling (Manis Javanica), Kijang (Muntiacus Muntjak), Lutung (Trachypitecus auratus) ogé sababaraha rupa manuk saperti : Walik (Treron griccipilia), Kutilang (Pycononotus aurigaste) jeung sajabana.
CA Kamojang
 
Deskripsi Umum: Dumasar tina Surat Keputusan Menteri Pertanian Nomor : 170/Kpts/Um/3/1979, tanggal 13-3-1979 leuweung gunung anu legana 8.000 ha ditunjuk mangrupa Cagar Alam anu legana 7.500 ha, Taman Wisata Alam anu legana 500 ha. Ku ayana Surat Keputusan Menteri Kehutanan Nomor : 110/Kpts-11/90 tanggal 14 Maret 1990, CA jeung TWA Kamojang ditetepkeun anu legana 8.286 ha (CA 7.805 Ha). Numutkeun administrasi pamaréntahan, kawasan konsérvasi Kamojang kaasup kana dua wewengkon, nyaéta: kaasup wewengkon Désa Cibéét, Kacamatan Paséh, Kabupatén Bandung, jeung kaasup wewengkon Désa Randukurung, Kacamatan Samarang, Kabupatén Garut.

Kaayaan di satempat éta, numutkeun topografina mangrupa tanah anu turun-naék jeung aya dina tempat antara 500-1.000 meter saluhureun laut. Numutkeun klasifikasi Schmidt dan Ferguson, iklimna kaasup tipe iklim B rata-rata curah hujan per taun 2.500-3.000 mm.

  Flora : Végétasi Cagar Alam jeung Taman Wisata Alam Kamojang anu kaasup tipe leuweung hujan tropic, gunung-gunung, jeung florana aya sababaraha rupa tutuwuhan jeung epiphyte. Jenis tuwuhan anu aya nyaéta: Jamuju (Podocarpus imbricatus), Puspa (Schima wallici), Saninten (Castanopsis tungurut), Pasang (Quercus sp) jeung sajabana. Sedengkeun sarupaning tuwuhan anu didominasi ku Cantigi (Vaccinium sp) jeung sabangsa lianna oge epiphyt nyaeta Rotan (Calamus sp), Seuseureuhan (Piper aduncum), jeung sajabana.


Fauna : Sato liar anu aya di wewengkon ieu di antarana : Babi Hutan (Sus vitatus), Kijang (Muntiacus muntjak), Macan Tutul (Panthera pardus), Musang (Paradoxurus hertnaproditus), Trenggiling (Manis javanicus), Surili (Presbytis comate), Manuk Belibis (Anas sp), Manuk Kuntul (Egretta sp) jeung lain sajabana, sarta aya sababaraha hiji sabangsaning lauk anu aya disusukan dinya.
CA Leuweung Sancang
 
Deskripsi Umum: Leuweung sancang ditetepkeun jadi cagar alam anu legana  2.157 ha. Dumasar tina Surat Keputusan Menteri Pertanian Nomer 370/Kpts/Um/6/1978 tanggal 9 Juni 1978. Di basisir CA aya terumbu karang anu kaayanana kawilang hadé. Ku kaayaan basisir Leuweung Sancang kitu, dumasar tina Surat Keputusan Menteri Kehutanan Nomer : 628/Kpts-11/90 tanggal 17 Nopember 1990, anu legana 1.150 ha ditunjuk jadi Cagar Alam Laut Sancang. Leuweung Suaka Alam anu aya di Pantai Selatan ieu kaasup dina wewengkon, nyaéta : Desa Sancang, Sagara, jeung Karyamukti Kacamatan Cibalong Kabupatén Garut.
Kaayaan tofografi Cagar Alam Sancang mangrupakeun kombinasi dataran anu rata jeung loba wangun pasir/punclut. Ka beulah kalér jeung kidul kaayaanana rata, sedengkeun ka beulah kulon mah ngawangun pasir/punclut. Luhurna tempat, antara 0-175 m saluhureun laut jeung ukuran déngdékna taneuh antara 5% nepi 20%. Kaayaan iklim di tempat ieu numutkeun klasifikasi dina Schmidt jeung Ferguson, kaasup tipe iklim B nyaéta tipe baseuh jeung niléy Q (Quontient) anu gedéna 24,19% dina Q, nyaéta perséntase anu dibandingkeun antara rata-rata jumlah bulan garing jeung rata-rata jumlah bulan baseuh.


 
Fauna : Sato liar anu hirup di kawasan ieu nyaéta Banténg Bos sondaicus), Rusa (Cervus timorensis), Merak (Pavo muticus), Manuk Julang (Aceros undulatus), Macan Tutul (Panthera pardus) jeung sajabana.
Flora : Jenis tutuwuhan anu aya di kawasan ieu nyaéta: Pahlalar (Dipterocaipus sp), nyaéta mangrupakeun tuwuhan anu aya hiji-hijina di Pulau Jawa tina famili dipterocarpaceae, Kaboa (Aegiceras Corniculata), nyaéta tuwuhan anu khas di Sancang, Warejit (Excoecoria ocha) nyaéta tuwuhan anu ngandung racun jeung bahya keur manusa. Rumput-rumputan (Gramineceae) jeung lain sajabana
CA Laut Sancang
 
Deskripsi Umum: Cagar Alam Laut Sancang anu ditetepkeun saluyu jeung Surat Keputusan Nomer : 628/Kpts-11/90, tanggal 17 Nopember 1990, anu legana 1.150 ha, manjang di hilirna Susukan Cimerak nepi ka hilirna Susukan Cikaéngan.
Potensi Biotik Kawasan: Kalolobaanana basisir karang anu pasirna didominasi ku jenis seagrass Cymodocea sp. Sabangsaning sato anu aya di antarana: Spongiasp., Leptosens sp., Favia sp., Goniopora sp. Sabangsaning invertebrata anu aya didinya, nyaeta: ophionereis sp. Jeung lauk hias anu aya, nyaeta: chaetodon sp. jeung labroides sp
TWA Gunung Guntur
 
Kawasan Konservasi Taman Wisata Alam Gunung Guntur di Garut nyaéta daratan/gugunungan . Kawasann ieu legana 250 ha saluyu jeung Surat Keputusan Menteri Kehutanan Nomer : 274/Kpts-11/1999 tanggal 7 Méi 1999. Sacara administrasi TWA Gunung Guntur ayana di Kacamatan Tarogong Kabupatén Garut Provinsi Jawa Barat.
Kawasan konsérvasi ieu mangrupakeun salah sahiji hamparan tofografi anu ngawangun taneuh naék-turun nepi ka ngalungkawing anu luhurna 2.249 m di luhur permukaan laut, aya batuan jeung vulkanik .
Daratan taneuh kalolobaanana mangrupakeun lapisan batuan jeung pasir, disababaraha tempat bisa ditingali lapisan taneuh anu jerona 2 nepi ka 4 meter.
 

  Flora : Tutuwuhan anu aya di Taman Wisata Alam Gunung Guntur Garut sawatara tuwuhan, nyaéta: hérba jeung perdu. Salian ti éta tuwuhan handap lianna, nyaéta: paku jeung épipit. 70% tina wewengkon Taman Wisata Alam (TWA) Gunung Guntur Garut, katutup ku leuweung sekundér anu pinuh ku sarupaning tuwuhan di antarana pinus, kaliandra, kaso, kasongket, sarta eurih. 

Fauna : Sababaraha hiji sato anu aya di wewengkon konservasi TWA Gunung Guntur Garut tina sabangsa mamalia di antarana: Musang , babi hutan, Bajing, jeung rupa-rupa manuk.
     

Sumber: BKSDA Wilayah 2 Jawa Barat
Pencét panah kiwa/katuhu dina Kibord sangkan pindah ka artikel séjén
Navigasi
October 2017
SuMoTuWeThFrSa
1234567
891011121314
15161718192021
22232425262728
293031    
No Activities.
Stats Situs
IP Address : 54.80.148.252
Tautan Pilihan
spacer