
:: Tepas Kabeungharan Alam |
| Kelautan |
![]() |
|
Poténsi Sumberdaya Alam
Panjang basisir Kabupatén Garut ± 80 km anu ngabentang 7 wilayah Basisir kuloneun Kabupatén Garut ngabogaan poténsi ngarupa Zona Ekonomi Ekslusiv (ZEE) 200 mil laut jeung legana aréal panéwakan ± 28.560 km2 ogé diéstimasi ngabogaan poténsi lestari (MSY) gedéna 166.667 ton/taun. Samentara éta zona térritorial (12 mil laut) ngabogaan poténsi gedéna 10.000 ton/taun. Nepi kakiwari nalayan Kabupatén Garut rék ngamangfaatkeun zona térritorial pikeun hasil tangkepan nepi ka taun 2006 4,994,16 ton ( atanapi kira-kira 49,94% tina poténsi anu aya). Hal ieu lantaran armada panéwakan anu dipiboga kiwari mangrupa parahu/kapal ukuran leutik (5-10 GT).
Poténsi perikanan anu umumna aya diperairan kuloneun Kabupatén Garut diantarana aya Tuna, Tongkol, Cakalang, Cumi-Cumi, Layur, Kakap, Bawal Hitam, Karapu, Baronang, Cucut Botol, Lobster, jeung lauk hias. Salian ti lauk-lauk tadi aya oge lukut laut anu poténsial.
Salian ti poténsi lestari laut jeung basisir, di Kabupatén Garut ogé aya poténsi tambak disapanjang basisir nyaéta kira-kira 1000 Ha.
Poténsi sumberdaya lian anu aya di Kabupatén Garut nyaéta sumberdaya énergy tina pasang surut anu bisa dikonversi jadi énergy listrik anu utamana di daérah-daérah teluk, jeung estuaria. Sumberdaya mineral antara lain mangrupa biji timah, pasir, besi, pasir basisir, batu, koblat, mangan, tambaga jeung sajabana.
Kabupatén Garut ngabogaan poténsi anu kacida gedéna pikeun mekarkeun daérah anu jadi tujuan wisata basisir jeung ragam objék wisata anu masih tacan kagali optimal. Dina widang sumberdaya hayati, Kabupatén Garut ngabogaan poténsi sumberdaya perikanan anu gedé, diantarana :
Poténsi Sumberdaya Manusia
Sumberdaya manusia anu usaha dina panéwakan lauk dilaut nyaéta nalayan, anu dagang lauk, ogé ngolah lauk anu kasebar di 7 Kacamatan basisir di Kabupatén Garut.
Lamun ditingali tina pamekaran jumlah nalayan di Kabupatén Garut anu cenderung ningkat rata-rata 3,5% satiap taunna jeung sabagian gedé di PPI Cilauteureun (95%) mangrupakeun nalayan netep, kusabab kitu kaayaan nalayan katingali poténsial Jumlah nalayan netep kacatet 3.003 KK ieu tacan sabaraha lamun dibandingkeun jeung jumlah penduduk anu aya didaérah Kacamatan basisir saluyu jeung idéntifikasi nalayan diantarana :
Data potensi sumberdaya manusia perikanan dan kelautan secara keseluruahan dapat dilihat pada lampiran.
Poténsi Usaha Panéwakan
Sarana jeung prasarana anu cukup penting dina ngadukung panéwakan lauk anu aya di Kabupatén Garut nyaéta Pangkalan Pendaratan Lauk anu diantarana tina 4 PPI/TPI :
Aya ogé fasilitas anu geus aya di masing-masing PPI nyaéta ayana gedung tempat Palélangan Lauk (TPI) anu boga fungsi minangka :
Upaya Pamekaran
Upaya anu perlu dilakukan dina pangwangunan perikanan jeung kelautan dina pamangfaatan poténsi anu dipiboga jeung tantangan pikeun ngaronjatkeun pasar global (ékspor) kusabab kitu anu perlu dilakukeun ningkatkeun pangwangunan perikanan jeung kelautan mangrupa:
Kondisi Sarana sarta SDM Perikanan Di Kabupaten Garut
Sarana Prasarana Panéwakan
(Maret 2007)
Sumberdaya Manusia Penangkapan
(Maret 2007)
Ket : KM (Kapal Motor), MT (Kapal Motor), TM (Kapal Tanpa Motor)
|
||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||