
:: Tepas Sakolébat Garut Walungan Jeung Situ |
|
|
| Cimanuk |
|
Réa walungan di Garut téh. Tapi anu panggedéna, pangpanjangna, jeung pangkasohorna mah walungan Cimanuk. Sirahna di Gunung Mandalagiri, Cikajang, tuluy luar-léor ngaliwatan Kota Garut, Kabupatén Sumedang, Kabupatén Majaléngka, Jatibarang, sarta ngamuara di Laut Jawa di wewengkon Kabupatén Indramayu.
Walungan Cimanuk téh keur masarakat Jawa Barat mah kaitung penting. Caina di sawatara tempat dipaké irigasi keur sawah jeung kebon. Di wewengkon Majalengka upamana, caina dipaké nyaian kebon tiwu. Di Indramayu mah dipaké nyaian sawah. Beh dituna, nepi ka abad ka-19 mah Cimanuk téh jadi jalur pelayaran kapaI barang nepi ka Karangsambung, deukeut Kadipatén. Lantaran di dinya baheulana kungsi jadi gudang hasil tatanén, samodel béas jeung kopi. Di Garut mah, salian caina dipaké keur nyaian lahan pertanian, Cimanuk téh réa diala keusikna. Aya hal ti Cimanuk anu jadi kacapangan masarakat Garut, nyaéta soal "galakna". Di sawatara tempat éta walungan téh geus sababa¬raha kali ngajebol parigi. Ku minengna Cimanuk bubak-babuk, Pemda Garut sababaraha kali ngabénténg Cimanuk pikeun nyalametkeun lahan pertanian jeung pilemburan. Lain deui béja di hilirna mah. Galakna Cimanuk téh di hilir mah mun keur usum hujan. Di Indramayu upamana, geus mineng kabé jakeun yén Cimanuk caah nepi ka ngeueum lahan anu legana rébuan héktar. Pikeun nahan cai Cimanuk anu sakapeung teu kakadalian, pamaréntah antukna nyieun kawijakan ngabendung Cimanuk ti Garut kénéh. Malah taun 2004 geus diresmikeun pangwangunan bendungan Copong, anu bakal nampung cai Cimanuk sangkan henteu nimbulkeun banjir di hilir. |