
:: Tepas Sakolébat Garut Walungan Jeung Situ |
|
|
| Situ Cangkuang |
|
Di sabudeureun Garut téh memang réa situ. Tapi anu kajojo mah ngan dua, Situ Cangkuang jeung Situ Bagendit. Kajojo teh pangpangna mah lantaran ku legana, nepi ka bisa dipaké rarakitan sagala.
Tapi di Situ Cangkuang mah lain baé bisa dipaké rarakitan. Di dinya urang bisa manggihan rupa-rupa titinggal sajarah. Di antarana aya Candi Cangkuang, Kampung Pulo, jeung makam Syeh Arif Muhammad. Malah di musiumna urang bisa niténan rupa-rupa titinggal sajarah séjénna, di antarana mushaf Qur'an tina kulit domba anu ditulis ku leungeun. Situ Cangkuang téh pernahna di Desa Cangkuang, Kacamatan Lélés, Garut. Ti Kota Garut anggangna 17 kilometer. Legana aya kana 24 héktaran. Éta situ téh babari dijugjugna lantaran lokasina teu jauh ti jalan liliwatan Bandung – Garut.
Mun urang ulin ka dinya, lian ti bisa lalayaran oge bisa jarah ka Makam Syeh Arif Muhammad, anu dipercaya ku masarakat jadi salahsaurang wali nu nyebarkeun Islam di wewengkon Jawa Barat. Éta makam téh pernahna aya di hiji pulo di tengah-tengah situ. Teu jauh ti makam aya candi kuno titinggal abad ka-8. Salian ti éta aya kampung tradisional nu katelah Kampung Pulo nu dicicingan ku rundayan Arif Muhammad.
|