peta situs kontak kami
Jumaah, 10 Pebruari 2012   English | Indonesia
jeruk garut
:: Tepas Sakolébat Garut Walungan Jeung Situ


Situ Bagendit

Salah sahiji obyék wisata Garut nu geus aya ti jaman Walanda kénéh téh Situ Bagendit. Perenahna di Kacamatan Banyuresmi, garut, sarta tempatna jadi liliwatan kandaraan Garut – leuwigoong – Limbangan. Eta situ téh kungsi jadi pangulinan wisatawan ti mamana, sarta ngarana sohor pisan. Kitu deui sasakalana, anu ngadongéngkeun kahirupan jeung kalakuan Nyi Endit, kacida populérna di masarakat. Malah taun 1920-an mah di dinya téh kungsi aya hotél sagala. Nandakeun yén kaayaan di éta situ kungsi ramé jeung maju.

Hanjakal hotél jeung pasilitas séjéna téh ayeuna mah kari urut-urutna. Ukur tinggal pondasina jeung sawatara wawangunan leutik jieunan jalma baheula. Diantarana anu masih weuteuh hiji wangunan anu ukuranana moal leuwih ti tilu méter pasagi. Duka tilas naon. Ngan sawaréh masarakat nyebutna tilas bui, pédah aya sarigsigna.

Taun 1980-an, kagiatan wisata di éta situ téh dihirupkeun deui. Situ anu tadina barala écéng jeung rembet ku wawalinian téh dicacaran nepi ka caang. Runtah-runtahna diberesihan. Antukna éta situ anu legana teu kurang ti 125 héktar téh ngemplang deui caina. Sanggeus caang mah nu ngaradon arulin gé mimiti jul-jol narémbongan deui.

Nincak kana tauh 2000-an kagiatan wisata di Situ Bagendit téh ku Pémda leuwih dihangkeutkeun. Malah rupa-rupa pasilitas diayakeun. Lain baé pasilitas umum samodél tempat parkir, jambatan jeung warung, tapi ogé pasilitas pikeun ngondang wisatawan ngarah baretah ulin. Di antarana aya rakit, soang paparahuan , jeung karéta api mini. Malah dilengkepan ku kolam renang sagala, sanajan nepi ka ayeuna can kungsi di pake lantaran hésé cai beresih.

Sanajan geus mimiti ramé deui, tapi jumlah wisatawan anu datang ka Bagendit téh can pati ngaburudal. Komo wisatawan asing mah, bisa kénéh diitung ku ramo. Tapi Pémda tuluy narékahan sangkan Situ Bagendit komarana balik deui siga jaman baheula, ku cara ningkatkeun promosi jeung ngalengkepan pasilitasna.

Pencét panah kiwa/katuhu dina Kibord sangkan pindah ka artikel séjén
Navigasi
Pebruari 2012
MiSeSeRaKaJuSa
   1234
5678911
12131415161718
19202122232425
26272829   
Stats Situs
[Atas]:Jumlah Hit Halaman
[Tengah]:Total Pengunjung
[Bawah]:Pengunjung Hari Ini
 
IP Address : 38.107.179.240
Tautan Pilihan
spacer