peta situs kontak kami
Jumaah, 10 Pebruari 2012   English | Indonesia
jeruk garut
:: Tepas Sakolebat   Gunung


Gunung Guntur

Malati di Gunung Guntur
Seungitna sungkeman ati
Bodas sesetraning rasa   

Pada di luhur téh sawaréh tina rumpaka lagu "Malati di Gunung Guntur" sanggiang Mang Koko (Koko Koswara) anu kungsi dipikaresep taun 1970-an. Rumpakana dikarang ku Wahyu Wibisana, pangarang Sunda moyan. Mun Gunung Guntur mineng jadi inspirasi pars seniman, memang teu anéh. Lian ti kaayaan alamna anu matak hélok, ogé loba kabéjakeunana.

Tapi, sanajan ti kaanggangan mah matak waas, saéstuna Gunung Guntur téh kungsi sababaraha kali ngageunjleungkeun masarakat Garut. Nu pangahirna, taun 2003, Gunung Guntur kabéjakeun rék bitu deui sabada Gunung Papandayan nu jadi tatanggana nembongkeun aktivitas vulkanik. Memang, dina sajarahna Gunung Guntur nu pernahna di kaléreun kota Garut téh kacatet geus bitu sababaraha kali. Nepi ka ayeuna gunung nu luhurna 2.249 métér ti beungeut laut téh masih jadi gunung aktif.

Najan kitu, tetep baé keur masarakat mah Gunung Guntur téh matak narik. Malah teu saeutik jalma nu ngahajakeun naék ka ponclotna sanajan saenyana mah pibahayaeun. Lian ti jalanna anu tarahal, di ponclot éta gunung téh taneuhna beueus jeung panas lantaran hawa magma. Tapi keur nu naraék mah sigana jadi kaahéngan anu pika bitaeun. Atuh lamun geus nepi ka ponclotna, pamandangan ka lebak téh pan sakitu matak hélokna. Dayeuh Garut ngampar lir alketip.

Pencét panah kiwa/katuhu dina Kibord sangkan pindah ka artikel séjén
Navigasi
Pebruari 2012
MiSeSeRaKaJuSa
   1234
5678911
12131415161718
19202122232425
26272829   
Stats Situs
[Atas]:Jumlah Hit Halaman
[Tengah]:Total Pengunjung
[Bawah]:Pengunjung Hari Ini
 
IP Address : 38.107.179.242
Tautan Pilihan
spacer