placeholder for flash movie
Salasa, 27 Juni 2017   English | Indonesia
:: Tepas Sajarah Garut  

Sajarah Singget


Garut nu kiwari jadi salah sahiji kabupatén di Provinsi Jawa Barat, boga sajarah anu panjang. Awalna ieu wewengkon teh kabawa ka Kabupatén Limbangan, tuluy jadi Limbangan – Garut, sarta ahirna jadi Kabupatén Garut.

Daérah Kabupatén Garut nu ayeuna téh gabungan ti sawatara wewengkon anu tadina kabawa ka kabupatén séjén. Sawaréh di antarana tilas Kabupatén Balubur Limbangan anu ngawengku Limbangan, Wanakerta (Cibatu), Wanaraja, Suci (Garut), jeung Panémbong (Bayongbong). Sawaréh deui tilas Kabupatén Sukapura/Tasikmalaya anu ngawengku Batuwangi (Singajaya), Kandangwesi (Bungbulang), jeung Nagara (Pameungpeuk). Sawaréh deui tilas Kabupatén Parakanmuncang (Cicaléngka) anu ngawengku Cikembulan (Lélés) jeung Timbangantén (Tarogong). Sawaréh deui tilas Kabupatén Sumedang, nyaéta Malangbong, jeung sawaréh tilas Kabupatén Cianjur, nyaéta Cisewu.

Méh saabad lilana (1813 – 1913) wewengkon Garut sacara administratif disebut Kabupatén Limbangan, anu ibukotana di Balubur Limbangan. Béh dituna deui, Balubur Limbangan téh disebutna Galuh Pakuan anu diadegkeun ku Prabu Limansenjaya Kusumah anu sohor ku sebutan Sunan Cipancar.

Taun 1811, ku Gubernur Jéndral Daendeles, Kabupatén Limbangan dieuweuhkeun. Daérahna dibagi-bagi sarta digabungkeun jeung Kabupatén Sumedang, Bandung, Cianjur jeung Parakanmuncang. Tujuanana pikeun reorganisatie (reorganisasi) jeung hervorming (ngabebenah wilayah). Lian ti éta pikeun ningkatkeun hasil  tatanén, pangpangna kopi.  Nya harita Daendeles ngajalankeun sistem cultuurstelsel (tanam paksa) pikeun nutupan hutang VOC ka pamaréntah Walanda.

Kabupatén Limbangan dihirupkeun deui taun 1813 ku Thomas Stanford Raffles, Gubernur Inggris nu harita ngawasa Pulo Jawa. Anu diangkat jadi bupati Kabupatén Limbangan harita nyaéta Radén Adipati Adiwijaya, putra cikal Pangéran Kornél Sumedang.

Dina taun 1913, ieu Kabupatén téh resmi dingaranan Kabupatén Garut. Bupati Limbangan-Garut anu harita keur ngawasa, nyaéta Aria Wiratanudatar VII, ogé ditetepkeun jadi Bupati Garut anu munggaran. Soal ngaran Garut, cenah aya sasakalana. Waktu keur ngabaladah tempat anyar keur pidayeuheun Kabupatén, béjana aya nu kakarut. Tah, kecap Garut téh robahna tina kecap kakarut téa nu ceuk urang Walanda mah kadéngéna Gagarut.

Wewengkon Garut ngalaman kamajuan anu hadé pisan dina paro kadua abad ka- 19. Pangpangna mah lantaran jasa dua jalma anu harita jadi dwitunggal di Garut, nyaéta R.H. Muhamad Musa (Panghulu Kabupatén Limbangan - Garut) jeung Karel Frederic Holle (juragan kebon entéh Waspada, Cikajang). Ku ketakna éta dua jalma, sistem tatanén di Garut kacida majuna, malah Garut jadi daérah anu kaitung subur men dibandingkeun jeung wewengkon séjén di Priangan.

Dina awal abad ka-20, ngaran Garut beuki kawentar kamamana. Pangpangna lantaran kota Garut anu jadi puseur kabupatén réa dijugjug ku turis. Garut harita katelah jadi Swiss van Java lantaran kaéndahan alamna. Lian ti hawana anu tiis, ogé dilingkung ku gunung-gunung. Di antarana Gunung Cikuray, Papandayan, Guntur, Karacak, Talagabodas, jeung Haruman. Lain turis lokal baé anu ngahaja datang  ka Garut téh, tapi ogé turis ti mancanagara.

Waktu muncul gerakan kabangsaan, Garut gé jadi puseur perjuangan para. tokoh pergerakan anu boga cita-cita hayang ngamerdékakeun Indonésia. Pangpangna aranjeunna téh tokoh-tokoh pergerakan ti kalangan Islam anu aktif dina SI (Sarékat Islam) anu tuluy jadi PSII (Partai Sarikat Islam Indonesia). Inohongna di antarana Kiyai Harmaén, K.H. Yusuf Tauziri, Karto Suwiryo, K.H. Mustafa Kamil, Haji Hasan, jeung Aruji Kartawinata. Nepi ka jaman revolusi, éta inohong-inohong perjuangan téh tuluy makalangan boh di tingkat lokal boh di tingkat nasional.
Taun 1960-an, Garut jadi cater deui di tingkat nasional.

Bupati Garut harita, Radén Gahara Wijaya Surya, satékah polah hayang mulangkeun deui citra Garut ka jaman Mooi Garut. Kota diberesihan nepi ka jalan -jalanna ogé lalening. Bupati sorangan sok langsung turun ka jalan mun ningali aya runtah atawa tai kuda nu ngotoran jalan. Nepi ka rahayat Garut téh lingsem sorangan ningali paripolah Bupati anu sakitu bersékana, sarta antukna surti sorangan ngajaga kaberesihan di lingkunganana séwang-séwangan. Tah nya harita, taun 1962, Présidén Sukarno ngalélér anugrah Garut Kota Intan, ku sabab rahayatna tulatén  ngajaga kaberesihan kola. Hanjakal sesebutan Garut Kota Intan ogé ayeuna mah ukur panineunganana.

Pencét panah kiwa/katuhu dina Kibord sangkan pindah ka artikel séjén
Navigasi
June 2017
SuMoTuWeThFrSa
    123
45678910
11121314151617
18192021222324
252627282930 
No Activities.
Stats Situs
IP Address : 54.81.154.223
Tautan Pilihan
spacer