placeholder for flash movie
Ahad, 23 Juli 2017   English | Indonesia
:: Tepas Sajarah Inohong


Mustapa Kamil

Di Garut téh aya. JI. Mustapa Kamil. Pondok jalanna mah, moal leuwih ti dua kilométer, teu jauh ti Terminal Guntur. Pangna dijieun ngaran jalan, tangtuna gé Mustapa Kamil téh lain jalma joré-joré.
Mémang kitu buktina. Mustapa Kamil téh salah saurang pajoang kemerdékaan anu teu saeutik jasana enggoning ngabéla nagara. Pangpangna dina merangan kaom penjajah nu hayang ngawasa
nagara urang. Malah Pamarétah Republik Indonesia dina taun 1958 netepkeun Kyai Haji Mustapa Kamil jadi Pahlawan Perintis Kamerdékaan.
K.H. Mustapa Kamil téh urang Garut pituin. Anjeunna lahir di Karnpung Bojong, Désa Pasirkiamis, Tarogong, Garut, dina taun 1884. Ayeuna mah éta wewengkon téh kabawah ka Kacamatan Pasirwangi. Anjeunna téh salah saurang tokoh Sarékat Islam (SI), malah kungsi kapeto jadi pupuhu SI cabang Garut anu teuneung ludeung ngalawan kana rupa-rupa aturan penjajah. Jenengan keur alitna mah Muhammad Lahuri. Ngan sabada ngumbara bari masantrén di Mekah sarta munggah haji jenenganana robah jadi Mustapa Kamil.
 
Kaitung Teu kurang ti 14 kali anjeunna ditéwak sarta dibui ku Walanda jeung ku Jepang alatan sikepna anu anti penjajah. Taun 1915 upamana, anjeunna dibui di Garut alatan ngaharamkeun sakur kawajiban anu dijieun ku Walanda. Taun 1919-1921 dibui deui lantaran dituding jadi provokator dina peristiwa. Cimareme Garut. Heuleut  ti harita, Mustapa Kamil geus ditéwak deui lantaran ngagerakkeun rahayat pikeun ngadémo vervording, nyaéta aturan pajeg nu dijieun jeung ditetepkeun ku Walanda.
 
Taun 1927 anjeunna geus dikakalakeun deui ku Walanda lantaran nolak Juma'ahan di Masjid Kaum (ayeuna Masjid Agung Garut), sarta ngayakeun solat barjamaah di masjid anjeunna di Ciledug (kiwari éta masjid dingaranan Al-Musthofa). Pangna nolak, lantaran pamaréntah kolonial harita keukeuh ngawajibkeun hutbah Jum'at ku basa Arab, sangkan ulah dipikaharti ku jamaah. Tarjamahan Qur'an ogé dipahing. Harita, pamaréntah kolonial ogé geus ngaluarkeun aturan teu meunang ngadegkeun solat Jum' at barjamaah di luareun Masjid Kaum. Ku sabab K.H. Mustapa Kamil keukeuh ngalaksanakeun solar juma'ahan di Ciledug, hutbahna maké basa anu dipikaharti ku jamaah, sarta narjamahkeun Qur'an, Walanda antukna ngajebloskeun, deui anjeunna ka bui di Garut, sarta tuluy dipindahkeun ka Sukamiskin Bandung.
 
Lain baé ka Walanda bédangna téh, ka Jepang gé kitu kénéh. Sa¬babna, anjeunna boga anggapan boh Walanda boh Jepang sarua ngajajah bangsa urang. Ku kituna perlu dilawan jeung diusir.
 
Sabadana Jepang éléh perang ku Sekutu, perjoangan K.H. Mustapa Kamil henteu eureun. Sok komo sabada kemerdékaan nagara urang can an sagemblengna babas ti pihak-pihak asing anu hayang balik deui ngajajah Indonesia. Tah, waktu di radio aya takbir panggero ti Bung Tomo (Sutomo) sangkan bangsa urang sabilulungan merangan Sekutu nu balabuh di Surabaya, Mustapa Kamil bari teuneung ludeung miang ka Surabaya pikeun milu aub dina pangperangan.
 
Empah, kitu nénéhna, miangna ka Surabaya téh dibarengan ku anggota laskar Hisbullah ti rupa-rupa tempat di Jawa Barat. Harita téh bulan Oktober 1945. Empah miang ngalangkungan Banjar, Jogja, Malang, tuluy babarengan jeung pasukanséjén ngagempur Surabaya. Perang wuwuh campuh, sarta bangsa urang antukna hasil ngagempur pasukan Sekutu. Tapi, Empah teu kabéjakeun balik kalawan salamet. Béjana gugur di pangperangan. Kulawargana di Garut mangtaun-taun kokotéténgan néangan laratan di mana Empah gugur, sarta hayang manggihan di mana jasadna dikurebkeun. Ku pitulung Alloh, ahirna kapanggih raratan yén K.H. Mustapa Kamil gugur dina tanggal 10 Désémber 1945, waktu batempur ngalawan tentara Sekutu di wewengkon Gedangan, Sidoarjo, Jawa Timur. Masarakat anu jadi saksimata harita ngadongéngkeun yén Empah gugur alatan katangkep sarta ditandasa pasukan Walanda. Layonna dikurebkeun di dinya kénéh. Nu mulang ka Garut mah ukur raksukanana, péci, jeung tasbéh, sarta ngaranna anu nyambuang seungit. Ku pamaréntah Indonesia, jasad Empah tuluy dialihkeun sarta dikurebkeun di Taman Makam Pahlawan Surabaya, sarta dilélér. pangkat Letnan Kolonél sacara anumerta.

Pencét panah kiwa/katuhu dina Kibord sangkan pindah ka artikel séjén
Navigasi
July 2017
SuMoTuWeThFrSa
      1
345678
9101112131415
16171819202122
23242526272829
3031     
Stats Situs
IP Address : 54.162.139.217
Tautan Pilihan
spacer