placeholder for flash movie
Ahad, 24 September 2017   English | Indonesia
:: Tepas Sajarah Inohong


K.F Holle

Enya, lain urang Garut Karel Frederic Holle téh, tapi urang Walanda. Ngan waktu jumenengna, Holle téh gedé pisan katineungna ka urang Garut hususna, ka masarakat pribumi umumna. Malah keur urang Garut mah, Holle téh geus teu siga urang Wa-landa, tapi cara umumna urang Sunda baé. Boh dina paripolahna boh dina nyaritana. Ku urang Garut, K.F. Holle téh. sok disebut Tuan Hola, atawa Tuan Holle dibabarkeun di Amsterdam, taun 1829. Taun 1845, Holle dibawa bubuara ku kolotna ka Pulo Jawa. Bapana tuluy digawé di perkebunan Balong. Tapi taun-taun munggaran hirupna di Pulo Jawa, keur Holle mah jauh pisan tina kasenangan, lantaran musibah tuluytuluyan neregteg kulawargana. Bapana jeung bibina maraot teu lily sabada nganjrek di Jawa. Kitu deui dulur-dulurna réa nu maraot di perkebunan.

Holle ahirna dititipkeun ka Gubernur Jenderal Hindia Walanda nu ngantor di Istana Bogor. Nepi ka umur 18 taun, Holle dididik di dinya. Holle tuluy digawékeun jadi sekretaris di kantor pamaréntah. Sabada dibéré modal ku dulurna, Holle tuluy muka perkebunan entéh di Cikajang, Garut. Éta kébon entéh téh dingaranan "Waspada".

Nya waktu di Garut, Holle tepung jeung R.H. Muhamad Musa, anu harita jeneng Panghulu Garut. Éta dua jalma téh tuluy sosobatan dalit pisan nepi ka kolot, malah jadi dwitunggal anu boga cita-cita hayang ngaraharjakeun jeung ningkatkeun darajat kaom pribumi. Di antara usahana téh ngadegkeun sakola Guru di Bandung, taun 1866, ngadegkeun perpustakaan, sarta ngaluarkeun buletin anu dingaranan Mitra Noe Tani. Dina éta buletin, Holle ngajarkeun ka masarakat kumaha carana tatanén anu hadé jeung matak mucekil hasilna. Lian ti éta ngajarkeun kumaha muka usaha, sarta ngamuat rupa-rupa puisi jeung dongéng Sunda pikeun numuwuhkeun minat baca masarakat. Sakapeung Holle lain ngan méré informasi, tapi ancrub langsung ka masarakat pikeun méré pituduh dina rupa-rupa kagiatan. Teu anéh lamun harita Garut jadi daérah anu kaitung maju, boh dina widang tatanén boh dina widang pendidikan.

Holle kungsi rék diangkat jadi Residén Priangan, tapi nolak, Tapi waktu diangkat jadi penaséhat pamaréntah dina urusan masarakat pribumi mah  ku Holle ditarima. Lian ti éta, Holle ogé ngaya-keun rupa-rupa panalungtikan ngeunaan kabudayaan Sunda jeung Jawa. Tulisan-tulisanana réa dimuat dina majalah nu aya jaman harita. Holle ogé nerbitkeun rupa-rupa buku, babarengan jeung R.H. Muha mad Musa, keur bacaeun barudak sakola. Kituna téh bari teu ingkah ti Waspada, tempat usahana.

Taun 1889, Holle pindah ka Bogor lantaran gering. Kebon entéhna bangkrut lantaran modalna réa kacocéng pikeun ngamodalan cita-citana. Genep taun ti harita, Holle nampa panglélér béntang jasa Officerkruis van de Orde van Oranje Nassau ti pamaréntah Walanda. Sataun ti harita, ping 3 Méi 1896, Holle ngantunkeun sarta di makamkeun di Tanah Abang, Batavia.

Tanggal 29 Oktober 1899, di alun-alun Garut diwangun monumén Holle keur miéling jasa-jasana ka masarakat Garut. Tapi hanjakal éta monumén téh diancurkeun waktu Jepang datang ka Garut.

Pencét panah kiwa/katuhu dina Kibord sangkan pindah ka artikel séjén
Navigasi
September 2017
SuMoTuWeThFrSa
     12
3456789
10111213141516
17181920212223
24252627282930
No Activities.
Stats Situs
IP Address : 207.46.13.102
Tautan Pilihan
spacer