placeholder for flash movie
Ahad, 22 Oktober 2017   English | Indonesia
:: Tepas Sajarah Caritarahayat


Sasakala Bituna Gunung Guntur

Kacaturkeun di Karajaan Korobokan. Nu jeneng rajana Sunan Ranggalawé. Sakuduna mah lanceukna nu jadi raja téh, Ratna Inten Déwata. Tapi lantaran lanceukna awéwé, nya Sunan Ranggalawe nu nyuluranana.
Hiji mangsa halodo kacida bangetna. Rayat Korobokan jumerit lantaran walurat ku cai. Tong boro keur tatanén, dalah keur kabutuh sapopoé gé kacida susahna. Raja gé kalintang bingungna.

Sabada babadamian jeung patihna, Raja mutuskeun rék nyieun situ. Tapi lahan pisiteun téh kabeneran ayeuna keur dilinggihan ku lanceukna téa. Najan beurat, Sunan Ranggalawé ménta Ratna Inden Déwata sangkan daék masrahkeun lahanna keur pisitueun.
Tapi béda tina sangkaan, lanceukna bet ngeukeuhan éta lahan. Basana, geus gé Aceuk teu bisa jadi raja, lahan ternpat cicing gé bet digunasika. Sunan Ranggalawé teuisa kukumaha.

Tapi di perjalanan patihna ngélingan. Maenya cenah raja teu mentingkeun rayat, tur bisa éléh ku awéwé. Sabada dipikir-pikir deui, kapaksa Raja nepungan lanceukna nu kadua kali. Tapi angger, lanceukna teu mikeun lahanna keur pisitueun.

Antukna, antara beurat kana kahayang rahayat jeung tuluy didongsok ku patih, Sunan Ranggalawé ngalaksanakeun niatna ngabendung situ di lahan kagungan lanceukna. Puguh baé  Ratna Inten Déwata kacida benduna. Éta putri nu geulis kawanti-wanti téh tuluy ngajugjug ponclot Gunung Kutu, nu ayeuna katelah Gunung Guntur.

Bari niiskeun pikir, Nyi Putri neneda ka Gusti sangkan adina anu geus maksa mirusa dipaparinan kasadaran. Sabadana, anjeunna ngawurkeun taneuh sakeprul jeung ke¬kembangan di ponclot Gunung Kutu. Dadak sakala, kaayaan jadi angkeub jeung geueuman. Nyi putri enggal lungsur.

Teu sawatara lila ti harita, Gunung Kutu bitu rongkah kacida.

Lian ti éta anu narik ti Gunung Guntur téh kaayaan alamna. Apan bulistir pisan. Euweuh tangkal kai nu baradag sumawona leuweung gerot. Nu jaradi téh ukur eurih jeung rungkun kaso anu kawilang rembetna. Tuda rék jadi tatangkalan kumaha mun mumunggang gunungna kalimpudan ku batu jeung taneuh nu ngabata tilas lahar nu ngaléléd. Pan ti handap gé katémbong sakitu angarna. Jaba sok kahéab ku hawa ti jero gunung anu panasna sok karasa nepi ka luar. Munasabah lamun di éta gunung mineng kahuruan téh. Pangpangna mun keur halodo panjang.

Lantaran ngandung panas bumi, di suku Gunung Guntur béh wétan loba kaluar cipanas. Éta tempat ayeuna kasohor nelah Cipanas tur kajojo ka mamana. Jadi pangjugjugan wisatawan anu ngahaja hayang mandi atawa uubar. Tapi di suku gunung béh kalérna mah, anu pagigir¬gigir jeung Gunung Gedé, anu sohor téh Curug Citiis. Sarua éta gé pada ngajugjug, pangpangna ku barudak ngora.

Aya carita rayat anu hirup di lingkungan masarakat sabudeureun Gunung Guntur. Eta carita téh aya patula-patalina jeung sasakala bituna Gunung Guntur, anu nyaritakeun patelakna antara Ranggalawé jeung lanceukna, Ratna Inten Déwata di Karajaan Korobokan (Timbangantén).

Pencét panah kiwa/katuhu dina Kibord sangkan pindah ka artikel séjén
Navigasi
October 2017
SuMoTuWeThFrSa
1234567
891011121314
15161718192021
22232425262728
293031    
No Activities.
Stats Situs
IP Address : 223.255.225.71
Tautan Pilihan
spacer