|
Kalurahan
Kalurahan nyaéta wewengkon gawé Lurah minangka pakakas daérah Kabupatén panghandapna satingkat jeung désa. Kalurahan dipingpin ku hiji Lurah (PNS) nu aya di handapeun sarta tanggung jawab ka Camat. Béda jeung désa, kalurahan mibanda hak ngatur wilayahna kalayan leuwih terbatas. Dina perkembangannana, hiji désa bisa ditingkatkeun statusna jadi kalurahan. Kalurahan miboga pancén sarta fungsi ngalaksanakeun kawenangan pamaréntahan anu disumérénkeun ku Camat sarta ngalaksanakeun pancén pamaréntahan séjénna luyu katangtuan perundangan anu lumaku. Hubungan Gawé Kacamatan jeung Kalurahan boga sipat hierarki :
- Lurah;
- Sekretariat;
- Seksi Pamaréntahan;
- Seksi Pangwangunan;
- Seksi Kamasarakatan;
- Kelompok Jabatan Fungsional.
Pabiayaan Organisasi Kalurahan dibebankeun ka Anggaran Pendapatan dan Balanja Daérah Kabupatén Garut kalayan alokasi anggaran nengetan pangabisa waragad wewengkon sarta variable-variabel panangtu, antara séjén :
- gedéna kawenangan anu disumérénkeun;
- jumlah nu nyicingan;
- kapadetan nu nyicingan;
- lega Wewengkon
- kaayaan Geografis/karakteristik wewengkon;
- jenis volume pangladén.
Pangwentukan Kalurahan tujuanana pikeun ngaronjatkeun pangabisa nungayakeun Pamaréntahan Kalurahan sacara dayaguna, hasilguna sarta pangladén ka masarakat luyu jeung tingkat pamekaran sarta kamajuan pangwangunan. Nepi ka ayeuna, Kabupatén Garut ngabogaan 21 Kalurahan anu sumebar di Kacamatan Garut Kota saloba 11 Kalurahan, Kacamatan Tarogong Kidul 5 Kalurahan, Kacamatan Tarogong Kaler 1 Kalurahan sarta Kacamatan Karangpawitan 4 Kalurahan, anu salengkepna diécéskeun di handap ieu:
|
|
Pakuwon
|
Kac. Garut Kota
|
|
|
Paminggir
|
Kac. Garut Kota
|
|
|
Kota Wetan
|
Kac. Garut Kota
|
|
|
Kota Kulon
|
Kac. Garut Kota
|
|
|
Ciwalen
|
Kac. Garut Kota
|
|
|
Regol
|
Kac. Garut Kota
|
|
|
Sukamentri
|
Kac. Garut Kota
|
|
|
Muarasanding
|
Kac. Garut Kota
|
|
|
Cimuncang
|
Kac. Garut Kota
|
|
|
Sukanegla
|
Kac. Garut Kota
|
|
|
Margawati
|
Kac. Garut Kota
|
|
|
Sukagalih
|
Kac. Tarogong Kidul
|
|
|
Pataruman
|
Kac. Tarogong Kidul
|
|
|
Sucikaler
|
Kac. Karangpawitan
|
|
|
Lebakjaya
|
Kac. Karangpawitan
|
|
|
Karangmulya
|
Kac. Karangpawitan
|
|
|
Jayawaras
|
Kac. Tarogong Kidul
|
|
|
Sukakarya
|
Kac. Tarogong Kidul
|
|
|
Sukajaya
|
Kac. Tarogong Kidul
|
Dasar Pangwentukan : PERDA Kabupaten Garut No. 5 Tahun 2005
|
|
|
Lengkongjaya
|
Kac. Karangpawitan
|
|
|
Pananjung
|
Kac. Tarogong Kaler
|
|