peta situs kontak kami
Salasa, 22 Mei 2012   English | Indonesia
jeruk garut
:: Menu Utama Ngamumulé Basa Paribasa Jeung Babasan Sunda


Paribasa jeung Babasan

Nu Make Kecap tina Hurup "A"


Paribasa
adat
adat kakurung ku iga
tabéat nu geus hésé dirobahna
adéan
adéan ku kuda beureum
ginding ku barang batur atawa barang meunang nginjeum
agul
agul ku payung butut
jalma taya kaboga, tapi mindeng nyaritakeun yén manéhna turunan ménak baheula
akal
Mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih, mun teu ngoprék moal nyapék
mun teu usaha moal boga rejeki
asa
asa ditonjok congcot
Meunang kabungah anu gédé, anu saenyana teu diarep-arep

Babasan
atah
atah adol
kurang ajar/teu sopan
amis
amis budi
alus budi parangi, lamun nyarita mindeng dibarung ku seuri
angin
teu gugur teu angin
teu puguh alesanana
asa
Asa peunggas rancatan
leungiteun ku jalma anu kapercaya atawa anu loba jasana
awak
keur awak saawakeun
keur manéhna sorangan
Pencét panah kiwa/katuhu dina Kibord sangkan pindah ka artikel séjén
Navigasi
Mei 2012
MiSeSeRaKaJuSa
  12345
6789101112
13141516171819
2021
22
23242526
2728293031  
No Activities.
Stats Situs
[Atas]:Jumlah Hit Halaman
[Tengah]:Total Pengunjung
[Bawah]:Pengunjung Hari Ini
 
IP Address : 38.107.179.244
Tautan Pilihan
spacer