
:: Tepas Has Wewengkon Produk Has |
|
|
|
|
| Jékét Kulit | |
|
Salah sahiji komoditas pinunjul tina pengrajin kulit di Kabupaten Garut diantarana Produksi pakéan jadi tina kulit sapi (rada heuras) jeung kulit Domda (leuleus), nu di lingkungan bisnis fashion katelah ku sebutan “jékét kulit garut”.
Faktor nu ngarojong ngawujudna sentra industri jékét kulit diantarana nyampakna bahan baku. Sumber bahan baku di Kabupatén Garut kawilang loba ngaleuyah ditambah kutempat nu cocog, padeukeut malah ngahiji jeung lingkungan séntra industri kecil peyamakan kulit
|
|
Ogé perenahna géografis kabupatén garut nu deukeut jeung kota Bandung sabagé puserna perdagangan pakéan jadi, ogé Jakarta sabagé puserna perdagangan Nasional, méré lolongkrang pikeun para pangusaha/bisnis baris terus soson-soson ngaronjatkeun produksi jékét kulit sabab gampang dipasarkeun.
Kiwari di Kabupatén Garut sektor industri pakéan jadi tina kulit kagabung 417 unit usaha pormal jeung non formal, bisa nampung leuwih ti 2.953 tenaga kerja. Dumasar kana pendataan Dinas Perindustrian Perdagangan dan Penanaman Modal Kabupatén Garut, pernah kacatet yén jumlah produksi pertaun jékét kulit mulus kuran leuwih 50.000 potong. Lobana paménta jékét kulit nu terus ngaronjat ti luar daérah Kabupatén Garut (pasaran lokal atawa nasional) saperti ti Bandung, Jakarta atawa sababaraha kota Jawa Tengah, Jawa Timur, Bali jeung Sumatera, geus ngadorong pengrajin jéket kulit di Kabupatén Garut tumuwuh jeung mekar leuwih mesat dibandingkeun jeung pengrajin kulit di daérah liana.
Salian nyumponan paménta konsumen Lokal jeung Nasional, Jéket kulit Garut ogé geus sumeber ka pasar
Internasional , saperti Singapura, Malaysia, Taiwan, Jepang jrrd. Data terakhir ngecéskeun yen jéket kulit Garut diékspor ka Singapura, Malaysia, Taiwan jeung Australia, nepi ka 9.488 potong nu hargana nepi ka $ 448.464. Hal ieu nganyatakeun yén ngaronjatkeun ékspor kawilang alus, sabab lobana ékspor saméméhna 5.100 potong hargana US$ 258.651,0. Salah sahiji hahalang atawa mandegna produksi jékét kulit diantarana tékhnologi pengolahan pikeun leuwih téréhna prosés produksi jeung karungna ngungkulan kualitas kana komoditas barang nu dihasilkeun, sahingga bisa manaruhan kinérja citra komoditas nu geus kawéntuk. Lamun mah hahalang atawa hambatan ieu teu gancang ditarékahan, pengrajin kulit Garut baris kalindih ku daérah liana, nu leuwih hanjelu justru ngolah kulit tersamak ti Garut.
Kiwari lolobana pengrajin jékét kulit perenahna di kompléks industri kulit Sukarégang di Kecamatan Garut Kota. Data ahir ngenaan jeung industri anu diantarana :
|
|
Uraian
|
Formal
|
Informal
|
Jumlah
|
|
Unit Usaha
|
75
|
342
|
417
|
|
Tenaga Kerja
|
821
|
2.132
|
2.953
|
|
Investasi (000 Rp)/tahun
|
404.000
|
1.710.000
|
2.114.000
|
|
Nilai Produksi (000 Rp)/tahun
|
27.406.200
|
30.500.000
|
57.906.200
|
|
Sumber : Dinas Perindag PM Kabupaten Garut
|
|||