
:: Tepas Has Wewengkon Produk Has |
|
|
|
|
| Domba Garut | |
|
Domba Garut geus dibudidayakeun ku masarakat Garut ti baheula. Domba nu ngabogaan awak gedé jeung kuat, mibanda kaparigelan dina atraksi laga Domba Garut nu aya di daérah Bayongbong Garut. Domba Garut ngarupakeun hasil campuran antara domba asli Indonésia, domba mérino ti Asia kecil jeung domba ékor gemuk ti Afrika. Domba nu kasohor ku masarakat ku sebutan Domba Garut, katelah ogé ku sebutan Domba Priangan. |
Ciri-ciri Domba Garut diantarana :
Téknologi anu dibutuhkeun pikeun miara Domba Garut, boh usaha ternak atanapi usaha ngalintuhkeun kaitung gampangna, diantarana ternak domba perlu merhatikeun jeung ningali faktor lingkungan, sumber daya alam, faktor sosial, faktor ékonomi ogé faktor hukum anu ngadukung pembudidayaan domba.
Kawijakan Pémkab Garut anu netepkeun lokasi peternakan Domba Garut nyaéta di Kacamatan Wanaraja, Kacamatan Banyuresmi, Kacamatan Singajaya, Kacamatan Banjarwangi, Kacamatan Cikajang, Kacamatan Bungbulang, ogé Kacamatan Cisewu sabage séntra produksi domba pedaging. Sanajan tacan aya data spésifik kana populasi domba Garut, bisa dijelaskeun yén populasi ternak domba di Kabupatén Garut kaasup anu pangkasohorna diantara jenis ternak anu lian. Dumasar tina data anu kacatet di Dinas Peternakan, populasi ternak domba kiwari nyaeta 509.025. Angka ieu ningkat dibanding taun-taun saméméhna anu tacan nepi kana angka 416.000
|
| Lihat juga Profil Domba Garut (pdf-31kb) |