
:: Tepas Has Wewengkon Produk Has |
|
|
|
|
| Batik Tulis Garutan | |
|
Kagiatan jeung usaha dina widang pembatikan digarut ngarupakeun warisan ti nénék moyang/karuhun nu lumangsung turun temurun sarta geus mekar lila saméméh merdéka. Dina taun 1945 Batik Garut beuki sohor ku sebutan Batik Tulis Garutan nu ngalaman kajugalaanana antara taun 1967-1985 nu ngawengku 126 unit usaha.
|
|
Dina mekarkeun Batik Tulis Garutan, hasil produksi Garutan ngalaman turun. Hal ieu latan ku beuki melesatna batik printing, kurangna kahayang “ generasi penerus” dina usaha batik tulis, sarta kurangna bahan jeung modal/waragad ogé kurangna cara/ stratégi dina masarkeunana.
Batik Garutan umumna digunakeun pikeun kaén sinjang, tapi bias ogé dipaké pikeun nyumponan kabutuhan sandang liana. Wentuk Motif Batik Garutan ngagambarkeun ciri tina kahirupan sosial budaya, falsafah hirup sarta adat istiadat urang sunda. Sababaraha wujud Batik Garut sacara Visual bisa digambarkeun ngaliwatan motif jeung warnana. .
Dumasar kana pamikir jeung ide kaciptana batik garutan, motif-motif nu digambar wentukna géométrik nu
ngagambarkeun sabagé ciri has rupaning pamaésna. Wentuk-wentuk liana tina motif Batik Garut diantarana flora jeung fauna. Wentuk géométrik umumna ngajugjug kan garis diagonal, wentuk kawung atawa belah ketupat. Kalolobaan warnana gading dipapaés ku warna nu leuwih kolot atawa kontras liana nu ngarupakeun karakteristik has batik garutan. Kiwari pengolahan batik garutan puseurna aya di Garut kota. Kapasitan produksi pertauna rata-rata 1.296 potong.
|
|
Uraian
|
Formal
|
Non Formal
|
Jumlah
|
|
Jumlah Unit Usaha (Unit)
|
1
|
2
|
3
|
|
Tenaga Kerja (Orang)
|
11
|
25
|
36
|
|
Investasi (000 Rp)
|
10.000
|
20.000
|
30.000
|
|
Nilai Produksi (000 Rp)
|
150.000
|
238.000
|
388.000
|
|
Wujud Produksi
|
Produk Sandang, Sinjang, Kain Bahan, dll
|
||
|
Daerah pemasaran
|
Jakarta , Bandung , Bali , dll
|
||
|
Sumber : Dinas Perindag dan PM Kabupaten Garut
|
|||
| September 2010 | ||||||
|---|---|---|---|---|---|---|
| Mi | Se | Se | Ra | Ka | Ju | Sa |
| 1 | 2 | 3 | 4 | |||
| 5 | 6 | 7 | 8 | 9 | 10 | 11 |
| 12 | 13 | 14 | 15 | 16 | 17 | 18 |
| 19 | 20 | 21 | 22 | 23 | 24 | 25 |
| 26 | 27 | 28 | 29 | 30 | ||