peta situs kontak kami
Salasa, 22 Mei 2012   English | Indonesia
jeruk garut
:: Tepas Has Wewengkon Kampung Adat


Kampung Pulo

Kampung Pulo téh salah sahiji kampung tradisional anu aya di Garut. Pangna dingaranan Kampung Pulo lantaran ayana di hiji pulo di tengah Situ Cangkuang. Cara ilaharna masarakat kampung tradisional, urang Kampung Pulo gé tuhu pisan nyekel aturan anu geus diwariskeun turun-tumurun ku karuhunna.

Karuhun urang Kampung Pulo téh Syeh Arif Muhammad, anu dimakamkeun teu jauh ti éta kampung. Arif Muhammad téh dipercaya masarakat minangka wali anu mimiti nyebarkeun Islam di éta wewengkon. Nya saha atuh Arif Muhammad téh?

Ujaring carita, Arif Muhammad téh utusan Mataram anu ditugaskeun jeung pasukanana pikeun ngajorag VOC di Batavia. Tapi tugas anu dipasrahkeun ka anjeunna téh gagal. Anjeunna henteu mulang deui ka Mataram, tapi ngababakan di hiji pulo di tengah-tengah Situ Cangkuang bari nyebarkeun Islam ka masarakat di sabudeureun éta situ. Ayana kagiatan agama di dinya téh di antarana dibuktikeun ku kapanggihna rupa-rupa kitab titinggal Arif Muhammad. Salah sahijina kitab Qur'an anu mushafna ditulis leungeun.

Arif Muhammad téh boga anak tujuh. Genep awéwé jeung lalaki saurang. Tah, budakna anu awéwé téh ditempatkeun di genep imah nu nepi ka ayeuna jumlahna henteu nambahan, sarta dilengkepan ku masjid keur ngalambangkeun budak lalaki. Wangun imahna saragam, nyaéta imah panggung maké suhunan panjang jolopong).

Di éta kampung aya aturan anu teu meunang dilanggar. Kahiji, teu meunang jarah ka makam Arif Muhammad dina poé Rebo. Kadua, jumlah KK di Kampung Pulo teu meunang leuwih ti genep. Saupama aya anu kawin, kapaksa kudu pindah ti Kampung Pulo. Upama pangeusi Kampung Pulo aya anu maot, kudu diganti ku turunanana anu awéwé. Kitu jeung kitu satuluyna. Katilu, teu meunang miara ingon-ingon nu sukuna opat. Kalima, teu meunang nabeuh goong. Naha? Béjana, waktu Arif Muhammad rék nyunatan anakna, budakna diarak heula maké tandu nu tiungna mirupa suhunan jure, sarta dipirig ku tatabeuhan goong gedé. Tah keur arak-arakan kitu, dadak sakala aya angin puyuh. Budak nu keur diarak téh kapeclengkeun nepi ka maotna. Ti harita, urang Kampung Pulo boga pacaduan teu meunang nyieun imah ku suhunan jure sarta teu meunang nabeuh goong.
 

Pencét panah kiwa/katuhu dina Kibord sangkan pindah ka artikel séjén
Navigasi
Mei 2012
MiSeSeRaKaJuSa
  12345
6789101112
13141516171819
2021
22
23242526
2728293031  
No Activities.
Stats Situs
[Atas]:Jumlah Hit Halaman
[Tengah]:Total Pengunjung
[Bawah]:Pengunjung Hari Ini
 
IP Address : 38.107.179.244
Tautan Pilihan
spacer