placeholder for flash movie
Ahad, 24 September 2017   English | Indonesia
:: Tepas   Has Wewengkon Kampung Adat


Kampung Dukuh

Aya Kampung Naga, di Singaparna Tasikmalaya. Aya ogé Baduy atawa Kanekes di Banton. Tah, di Garut mah aya Kampung Dukuh. Kampung Dukuh ten pakampungan tradisional anu masarakatna pageuh nyekel adat karuhun. Di Kampung Dukuh mah masarakatna téh dipahing hirup mewah jeung royal. Anu matak di éta kampung mah taya listrik, televisi, radio, jeung barang-barang elektronik séjénna.

Kampung Dukuh tanpemahna di Désa Cijambe, Kacamatan Cikelet, Garut. Anggangna kira-kira 100 km ti kota Garut téh. Ti kajauhan ogébédana Kampung Dukuh téh geus katara. Imah-imahna kabéh panggung ngt-jur ngulon. Hateupna injuk atawa eurih, dibilik, sarta lantena ku palupuh. Pangeusina dipahing nyimpen barang mewah. Dalah ranjang géteu dimeunangkeun. Mun saré cukup ku ngampar samak baé.

Naha bet kitu?

Éta téh geus jadi adat urang Kampung Dukuh luyu jeung kasauran karuhun anu geus turun-tumurun. Aya tilu pacaduan di dinya téh. Pacaduan kampung, pacaduan makom, jeung pacaduan leuweung. Pacaduan kampung ngatur ngeunaan wangunan imah jeung eusina. Pacaduan makom ngatur tata cara jarah ka makom karomah. Pacaduan leuweung ngatur tata cara miara leuweung di sabudeureun makom karomah.

Makam saha nu disebut makom karomah téh?

Éta téh makam Séh Abdul Jalil, luluhur urang Kampung Dukuh. Baheula, jaman tatar Sunda aya dina kakawasaan Mataram, kira abad ka-17, anu jadi panghulu di Kadaleman Sumedang téh nya  Séh Abdul Jalil. Ari nu jadi dalemna Rangga Gempol. Hiji mangsa, waktu berangkat ka Mekah, aya dua utusan ti Kasultanan Banten anu menta sangkan Dalem Sumedang taluk ka Banten, lain ka Mataram. Tapi éta pamenta téh ditolak ku Rangga Gempol, malah utusan Banten téh tuluy diusir. Sanggeus amitan, éta utusan téh balik deui ka Banten, ngan di tengah jalan dipaehan kalawan parentah Dalem Sumedang. Da tangtu lamun éta utusan laporan ka Sultan Banten, pasti bakal aya riributan.

Sanggeus Séh Abdul Jalil balik deui ka Sumedang, éta kajadian téh dirusiahkeun pisan. Tapi lila-lila mah aya nu ngabejakeun ka Seh. Puguh baé Séh Abdul Jalil téh bendu kabina-bina. Dalem Sumedang dianggapna geus nyieun codeka. Nepi ka antukna Séh téh ingkah ti Sumedang, lunta ka pakidulan Garut. Ahirna, Séh ngababakan jeung bubuara di tempat nu ayeuna katelah jadi Kampung Dukuh. Ka turunanana, Séh téh ngajarkeun hirup basajan jeung pageuh nyekel bagbagan Islam. Nepi ka ayeuna génaon anu diajarkeun ku Séh Abdul Jalil téh dijalankeun jeung dijaga pisan ku rundayanana. Sabada ngantunkeun, Séh dimakamkeun di makam karomah anu dikaramatkeun pisan. Anu badé jarah ka dinya teu bisa sagawayah. Ngan dina poé Saptu wungkul éta makam bisa dibuka. Leuweung di sabudeureun éta makam ge, teu meunang dituaran.

Unggal waktuna solar, masjid nu aya di Kampung Dukuh mah tara towong, pinuh-pinuh baé. Kaayaan kampungna gé tingtrim pisan. Tara aya nu kabejakeun kapalingan atawa karampogan. Nyimpen pare gé di sawah, tara dibawa ka imah. Dibawa ka imah sotéh lamun perlu keur dahar baé.

Pencét panah kiwa/katuhu dina Kibord sangkan pindah ka artikel séjén
Navigasi
September 2017
SuMoTuWeThFrSa
     12
3456789
10111213141516
17181920212223
24252627282930
No Activities.
Stats Situs
IP Address : 157.55.39.44
Tautan Pilihan
spacer