placeholder for flash movie
Ahad, 23 Juli 2017   English | Indonesia
:: Tepas Has Wewengkon Jajanan


Pasar Céplak

Mun urang mukaan kamus basa Sunda, Céplak atawa nyéplak téh hartina ngaluarkeun sora waktu nyapék (barangdahar) lantaran teu bari balem. Cara barangdahar kitu téh keur urang Sunda mah dianggap teu sopan, da anu sopan mah kudu balem téa, jeung teu kadéngé cécéplakna.
Tapi di Kota Garut téh aya Pasar Céplak, tur éta pasar tempat barangdahar téh kajojo pisan. Na kumaha mimitina nepi ka disebut Pasar Céplak? Naha anu dalahar di dinya teh teu saropan? Tapi asa piraku!
Ceuk beja anu loba dipikanyaho ku nu dagang di Pasar Céplak, memang aya sajarahna. Hiji mangsa, dina taun 1970-an, kaayaan ékonomi di urang téh keur werit lantaran halodo panjang. Dahareun susah, komo béas, kawantu paceklikna lila nakér. Nepi ka masarakat teh réa anu dalahar sangu oyék nu dijieun tina sampeu. Kaayaan sarupa kitu téh sok jadi bahan gogonjakan antara nu balanja jeung nu dagang di pasar. Di antarana anu jadi bahan gogonjakan téh kumaha ni'matna dahar oyék nepi ka céplak. Antukna kecap céplak téh jadi kacapangan. Nya ti harita éta pasar téh katelah jadi Pasar Céplak.
Pasar Céplak téh baheulana mah katelah jalan Biodeem (Koramil). Taun 1970-an dibagi dua, beulah kulonna disebut JI. Siliwangi, ka wetanna disebut Jalan Céplak. Kiwari mah nepi ka wétanna ogé kaasup JI. Siliwangi anu manjang ti mimiti pertiluan JI. Kiansantang nepi ka Mogan JI. Ciledug. Ari anu dipaké lahan pasar Céplak mah ti mimiti parapatan JI. Cikuray nepi ka totogan JI. Ciledug anu panjangna moal leuwih ti 200 méteran. Kitu gé raména téh ukur ti peuting, da isuk-isuk mah sepi. Keur nu anyar ngaliwat ka dinya mah moal nyangka mun éta teh lahan pasar anu kajojo pisan.
Mémang, Pasar Céplak mah siga pasar "siluman", peuting ramé, isuk sepi. Da anu daragang téh mimiti muka daganganana ti jam tilu soré nepi ka janari. Liwat ti janari mah geus sepi deui. Ramé-ramé deui téh engké soréna, tur mun keur raraména, sok nepi ka heurin usik.
Pasar Céplak téh jadi ciri has kota. Garut. Lain baé ku raména, tapi ogé ku rupa jajananana. Umumna mah nu didagangkeun téh kadaharan tradisional, samodél goréng hayam, putu mayang, martabak, soto, saté, cakue, goréngan, jeung nu séjénna. Munasabah lamun Pamaréntah Daerah Garut boga niat netepkeun pasar Céplak jadi pusat jajanan tradisional keur ngondang wisatawan.
 

Pencét panah kiwa/katuhu dina Kibord sangkan pindah ka artikel séjén
Navigasi
July 2017
SuMoTuWeThFrSa
      1
345678
9101112131415
16171819202122
23242526272829
3031     
Stats Situs
IP Address : 54.162.232.51
Tautan Pilihan
spacer