peta situs kontak kami
Salasa, 22 Mei 2012   English | Indonesia
jeruk garut
:: Tepas Has Wewengkon Wisata


Ngamplang

Mun ti Kota Garut nyawang ka lebah kidul, bakal katangén aya pasir anu di ponclotna siga pikabetaheun. Lantaran di dinya ngampar jukut héjo jeung siga aya saung pangreureuhan. Éta teh daérah Ngamplang, anu kajojo jadi pangjugjugan wisatawan ti jaman Walanda kénéh.
Ngamplang téh perenahna di Désa Ngamplang, Kacamatan Cilawu, Garut. Ayana di jalan liliwatan antara Garut – Singaparna,. Tasikmalaya. Ti Kota Garut anggangna kira-kira lima kilometer sarta bisa ditempuh ku kandaraan kira-kira 15 menitan.

Ngamplang teh kiwari ditetepkeun jadi salah sahiji obyék wisata Kabupatén Garut. Legana aya kana 26 héktar. Umumna mah tegalan jukut héjo nu matak pikabetaheun keur nu ulin. Hawana seger jeung matak tingtrim. Munasabah lamun ka daérah Ngamplang loba wisatawan anu daratang, boh wisatawan doméstik boh wisatawan asing. Pangpangna dina waktu keur peré.

Ti keur jaman Walanda kénéh, di Ngamplang geus ngadeg hotél. Éta hoté1 téh bejana mah dihususkeun keur opsir-opsir Walanda anu ngaradon reureuh. Hanjakal hotel Ngamplang anu kawéntar téh kiwari mah ukur nyésa urut-urutna lantaran diancurkeun waktu bala- tentara Jepang ngajorag ka Garut. Tilas lahanna, ku masarakat ayeuna dimangpaatkeun keur malawija.

Pikeun ngahangkeutkeun deui parawisata di Ngamplang, taun 1970 diwangun lapangan golf, kolam renang, jeung lapang tenis. Malah taun 1980 diadegkeun deui hotel anu dilengkepan ku kafetaria jeung tempat parkir. Taun éta kénéh di Ngamplang diwangun arena laga domba, atawa sok disebut Arlamba. Nya di dinya sok diayakeun rupa-rupa atraksi wisata, samodél pintonan kasenian tradisional jeung ngadu domba.




Pencét panah kiwa/katuhu dina Kibord sangkan pindah ka artikel séjén
Navigasi
Mei 2012
MiSeSeRaKaJuSa
  12345
6789101112
13141516171819
2021
22
23242526
2728293031  
No Activities.
Stats Situs
[Atas]:Jumlah Hit Halaman
[Tengah]:Total Pengunjung
[Bawah]:Pengunjung Hari Ini
 
IP Address : 38.107.179.242
Tautan Pilihan
spacer