peta situs kontak kami
Salasa, 22 Mei 2012   English | Indonesia
jeruk garut
:: Tepas Has Wewengkon Wisata


Cipanas

Réa wewengkon anu make  ngaran Cipanas téh, tur umumna kawentar lantaran aya cai panasna. Kitu deui Cipanas Garut, kajojo ka mamana, sarta kiwari jadi tujuan wisata andelan Pamaréntah Daérah Kabupatén Garut.

Luyu jeung ngaranna; di Cipanas téh aya cinyusu anu caina panas, tur panasna bisa nepi ka 49° selsius. Eta cinyusu téh ngocor ti Gunung Guntur anu nepi ka kiwari masih aktif. Ka dinya sok loba nu datang ngadon mandi, ngoj ay, atawa ngeueum keur uubar. Da cenah Cipanas téh alus keur ubar kasakit kulit, samodél budug atawa ateul, lantaran caina ngandung walirang. Sanajan loba cai panas, ari hawa daérahna mah matak Seger, da aya di suku gunung.

Cipanas Garut, anu perenahna di kaléreun Kota Garut téh babari pisan dijugjug. Ti Kota Garut anggangna ukur genep kilométer, tur lamun dijugjug ku kandaraan kira-kira nyontang waktu kana saparapat jam. Keur nu teu boga kandaraan pribadi, ka dinya aya angkutan umum anu nepi ka lokasi pamandian.

Cipanas téh lain baé didareugdeug ku masarakat Garut, tapi ogé ku wisatawan ti mana-mendi. Pangpangna dina waktu peré  raména téh. Malah turis asing gé teu kurang-kurang anu ngadon ulin ka dinya.

Munasabah mun réa nu daratang téh. Kapan nu ngadon pelesir téh lain baé bisa mandi atawa ngojay. Sasatna diogo. Hotél ti nu murah nepi ka hotél béntang nyampak. Pamandangan alam bréh  matak waas. Mun hayang dahar, tempatna balatak, ti mimiti warung nepi ka réstoran. Nu hayang naék gunung gé bisa, ka Gunung Guntur. Ti Tamping Gunung Guntur, urang bisa nyawang kaéndahan Kota Garut anu lir permadani diamparkeun.

Kaéndahan alam di Cipanas téh mémang geus dipikawanoh ti awal abad ka-20 kénéh. Dina jaman Mooi Garut, nepi ka Garut nelah Swiss van Java, Cipanas téh salah sahiji pangulinan anu kajojo. Malah béjana Charlie Chaplin, béntang film Hollywood anu sohor jaman harita, kungsi ngahajakeun pelesir ka Cipanas.

Pencét panah kiwa/katuhu dina Kibord sangkan pindah ka artikel séjén
Navigasi
Mei 2012
MiSeSeRaKaJuSa
  12345
6789101112
13141516171819
2021
22
23242526
2728293031  
No Activities.
Stats Situs
[Atas]:Jumlah Hit Halaman
[Tengah]:Total Pengunjung
[Bawah]:Pengunjung Hari Ini
 
IP Address : 38.107.179.241
Tautan Pilihan
spacer