peta situs kontak kami
Salasa, 22 Mei 2012   English | Indonesia
jeruk garut
:: Tepas Has Wewengkon Wisata


Candi Cangkuang

Ceuk saha di Jawa Barat euweuh candi?

Dumasar kana panalungtikan para ahli, tétéla di Jawa Barat gé balatak ku candi. Di antarana komplék Candi Jiwa jeung Candi Cibuaya di Kabupatén Karawang, candi Bojongmenje di Kabupatén Bandung, jeung Candi Cangkuang di Kabupatén Garut.

Candi Cangkuang téh pernahna di Situ Cangkuang, Kacamatan Lélés, Garut. Ukuranana mémang kawilang leutik mun dibandingkeun jeung candi-candi séjén mah. Legana 4,5 x 4,5 méter, sarta jangkungna 8,5 méter. Di jerona aya rohangan anu legana 1,5 x 1,5 méter pasaqi sarta jangkungna dua méter. Di éta rohangan aya patung Syiwa anu jangkungna 40 séntiméter.

Numutkeun sawaréh ahli sajarah, ditilik tina wawangunanana mah Candi Cangkuang téh titinggal abad ka-8, nyaéta ti Jaman Raja San jaya, jaman Hindu. Nepi ka awal taun 1960-an mah, éta candi téh ukur kapanggih ruruntukna. Dina tanggal 9 Désémber 1966, éta ruruntuk candi téh ditalungtik ku Drs. Uka Tjandrasasmita, sabada anjeunna macs buku Notulen Bata viaagenoot- chap nu ditulis taun 1893 ku Voderman, bangsa Walanda.

Panalungtikan dituluykeun taun 1967 – 1968. Eta candi tuluy dirékonstruksi dumasar kana pola batu anu patingsoléngkrah. Antukna ngadeg Candi Cangkuang siga ayeuna. Ngan pangwangunan éta candi téh dianggap kontrovérsial, da sawaréh batuna anu geus euweuh diganti ku batu nu alanyar, anu ceuk sawaréh ahli can tangtu wujudna siga ayeuna. Kitu deui taun diadegkeunana, masih jadi padungdengan para ahli.
Kiwari, Candi Cangkuang jadi salah sahiji obyék wisata di lingkungan Situ Cangkuang.

Pencét panah kiwa/katuhu dina Kibord sangkan pindah ka artikel séjén
Navigasi
Mei 2012
MiSeSeRaKaJuSa
  12345
6789101112
13141516171819
2021
22
23242526
2728293031  
No Activities.
Stats Situs
[Atas]:Jumlah Hit Halaman
[Tengah]:Total Pengunjung
[Bawah]:Pengunjung Hari Ini
 
IP Address : 38.107.179.240
Tautan Pilihan
spacer