placeholder for flash movie
Senén, 20 Pebruari 2017   English | Indonesia
:: Tepas  Sajarah Garut  Carita Rahayat


Sasakala Turunan Maribaya

Dina umumna turunan Cibitung Désa Sukamukti Kacamatan Cisompet Kabupatén Garut sorana tareugeung boh awéwéna boh lalakina, atuh barudakna ogé nya kitu ngala ka kolotna. Lamun diajar tembang, boh Sunda atawa Indonesia rata-rata silung, susah dioméanana. Atuh kana kuro ogé nya kitu sarua waé nu kasebut "Seni Suara" mah. Lamun aya perlombaan seni suara antara SD-SD sakacamatan, can pernah kaparengkeun asap juara. Naon sababna anu matak kitu, naha ti jaman purbakala? Atawa rada béh dieu, nu matak kitu téh, cenah asal muasalna kieu.

Ceuk ujaring carita

Baheula jaman Kademangan Nagara kabawah ka Sukapura. Waktu jaman pamaréntahan kumpeni, nu jadi Bupati di Sukapura jujulukna Rd Adipati Aria Wiradedaha.
 
Kacaturkeun di daérah Bantar peundeuy  aya hiji jelema nu katelah Ki Maribaya. Éta jalma téh resep pisan ngulik-ngulik élmu-éImu kabatinan, terutama kawedukan, kawedasan, malah téa kaliwat élmu nu bisa ngalemeskeun atawa ngahalimpukeun sora Malah jangjawokanana ogé tug nepi kaayeuna masih aya kénéh, sarta sok diparuhit kunu mikahayang supaya sorana jadi alus, matak dédéngéeun nu ngadéngékeun. Ari jangjawokanana nyaéta kieu:
 
Siro rindu mungguh diku.
Siromili mungguh di Swara puwas.
Héyang Sang puwas.
Héyang ka batararong buana.
Pun sampan mihapé sanghiang sawara.
Kaluhur ka panca gantung,
ka ngulangan sapisan,
rél satowél kawung cawené.
Cawené tangtungan aing.
Ti peuting datang ka beurang.
Ti beurang datang ka peuting.

Ki Maribaya téh pohara resepna kana kasenian, terutama jaman harita mah terebang gémbung. Batur-baturna aya tiluan, nyaéta Ki Dipa, Ki Dibja jeung Ki Manta. Ari dalangna nyaéta Ki Maribaya. Mimitina mah Ki Maribaya sabatur-batur biasa waé nyalawatna téh sok di imahna. Lamun Ki Maribaya keur nyelok, tatangga-tatanggana sok jul Jol nyalampeurkeun. Komo awéwé mah, lamun keur nyusuan budak, col budak
ditinggalkeun, gancang nyampeurkeun Ki Maribaya téa, atuh ku salakina gancang digéunggéureuhkeun supaya ulah kitu gawé. Budak nu ceurik oar-oaran, kudu dibawa lalajo nu nyalawat téa. Cenah béja pabéja-béja tina hal pangabisa Ki Maribaya, nepi ka ceuli kuwu Tonjong.
 
 
Dina hiji poé manéhna diangkir ka imah kuwu téa sina nyalawat. Atuh susuganan matak barieukeun nu nenjo. Kayaning, opak, wajit, dodol, angleng, gegeplak, rangginang, borondong, peuyeum ketan, kolontong, gogodoh, ladu, bugis jeung réa-réa deui atuh!
 
Sanggeus sagala sasajén sadia, prong Ki Maribaya. ngamimitian. Jalma-jalma nu ngadaréngékeun mimiti ceulina curinghak. Tatangga-tatangga Ki Lurah jul-jol daratang awéwé lalaki, teu katinggaleun barudak-barudak nu lalajo jempling kawas goong katincak, iwal ti sora nu nyalawat waé nu kadéngé téh. Komo étamah sanggeus Ki Maribaya ngélok jeung beluk, nu ngadéngékeun téh bati uh-eh jeung cruk-crék, tina ngarasa kagét jeung pohara katajina ku sora Ki Maribaya. Ari sora-sora nu tiluan deui mah teu pati diperhatikeun.
 
Da éta mah bangsa awéwé nu ngora mani pasedek-sedek hayang pahareup-hareup lalajona, hayang sidik kana beungéut Ki Maribaya. Atuh golongan nini-nini ogé embung katinggalkeun kunu ngarora, hayang pahareup-hareup. Dibélaan sésélékét, ngan orokaya éléh tanaga kunu ngarora, atuh ngan bati gegelendeng waé.
 
Ki Lurah ngarasa sugéma ngadéngé sora Ki Maribaya jeung tatabeuhanana. Ari tingkah paripolah nu lalajo nu pikaseurieun, loba nu géhgéran. Aya kajadian nini-nini nu keur nyeupah, poho ngaluah kana tampolong, sisigna, ogé kalah diteureuy lain dipiceun. Atuh eueuleugeungan kabelih ku sisig. Aya lalaki nu udud nyerebung, poho ududna teu diseuseup, diantep waé digégél, teu ingeteun seuneuna géus antel kana biwirna, karasa-karasa géus nyundut biwir, atuh ngagurubug bari ngomong, pokna.
 
 
"Haduh haing hanas!" cenah bari kekerepekan.
 
 
Aya ogé nu nahan pikiiheun, diantep terus nepi ka teu karasa cipruk kana samping, da panonna. Teu lésot ka Ki Maribaya. Tug nepi ka isuk-isuk téh teu aya nu mungkar nepi ka tamatna. Ngaran Ki Maribaya beuki kasohor kamana-mana. Satiap aya hajatan Ki Maribaya nu diondang kudu ngahibur.
 
Dina hiji waktu Ki Maribaya nampa panyaur ti Bupati Sukapura R.A. Wiradadaha. Gancang ku manéhna ditemonan. Sanggéus datang, cedok nyembah pok unjukan.
 
"Aya pikersaeun naon gusti nyaur ka abdi?"
 
Bupati.
 
"Andika téh nu ngaran Ki Maribaya téa'
 
"Sumuhun leres pisan."
 
"Kieu nya nu matak disaur ku kaula, géus ngadéngé béja tina hal pangabisa andika kana nyalawat. Ku kituna kaula panghiburkeun!"
 
"Unjuk sumangga gusti, seja ditumutkeun pisan. Dinten naon kedahna abdi ka dieu?"
 
"Engké waé malem jumat nu deukeut nya, andika kudu ka dieu!" "Unjuk sumangga." Jawab Ki Maribaya.
 
Kacaturkeun dina malem jum' at.
 
Bangsa ménak-ménak kabupatén, istri pameget géus karumpul hoyong nyaksian. Jam dalapan peuting Ki Maribaya ngamimitian ngukus, terus sagala rupa jangjawokan dipapatkeun kaasup paranti asihan sagala rupa. Prung Ki Maribaya ngamimitian nyalawat, sorana pahalimpu, gonjéar. Anu ngadaréngé mani bolotot mata simeuteun, teu aya nu ngaromong sakemek.
 
Komo para istri mah pasedek-sedek hayang pahareup-hareup, geus poho ditemah wadi. Komo istri juragan koléktor, juragan Kumetir, juragan Asésor, juragan Demang silih sigeung hayang pahareup-hareup. Beuki maju ka tengah peuting, sora Ki Maribaya beuki tambah hégar, koléar-kaléor téh komo lebah-lebah belukna mah Eee auu éhéng auu éhéng beuleum cau... tutung géhéng.... Cenah. Anu ngadaréngékeun mani nahan ambekan, terus géhgéran.
 
Ki Maribaya ngalinggék, istri pameget ngilu ngalinggek. Tengah peuting para panabeuh rareureuh heula, terus ngaropi. Atuh ménak ménak ngaraleueut. Di dinya mani ngageder nu ngarobrol.
 
Sanggeus reureuh, prong deui maraju. Kasubuhnakeun mah sagala élmu panemu jampé pamaké Ki Maribaya diketrukkeun kabéh, asihan si leugeut teureup, si Runcang-rancang, si Sonomoho dipapatkeun.

Naaa... éta mah dasar picilakaeun atuh!
 
Teu ku henteu istri kanjeng Bupati nu katelah Nyi Rd. Ratna Wulan teu ka ampeuh teu katahan, ngarangkul terus nangkeup teuweul mani montél ka Ki Maribaya. Atuh istri-istri nu Hanna, juragan Kolektor, juragan Asésor, juragan Kumetir, juragan Mantri hudang kabéh ngarangkulan ka Ki Maribaya. Atuh gér ribut salaki-salakina pada ngabedolan pamajikannana.
 
Kangjeng Bupati hahaok maréntah ka Upas supaya Ki Maribaya ditangkep. Ari Ki Maribaya manéhna teu gugup, tenang waé sanajan ku Upas terus ditéwak ogé teu ngalawan. Caritana rivangan terus bubaran. Di imah masing-masing maranéhna terus paséa antara salaki jeung pamajikan. Atuh Kanjeng Bupati bendu ka istrina, diseuseulan  laklak dasar. Istrina nangis mundut dihapunten ka carogéna.
 
Isukna Ki Maribaya dipariksa ku Kanjeng Bupati kalayan babasan nya kasar nya garihal. Pokna.
 
"Maribaya, manéh geus nyieun kaonaran ka rumah tangga kaula jeung nu séjén. Rumasa kana dosa manéh?"
 
"Ampun gusti, jisim abdi teu pisan-pisan midamel kaonaran kana rumah tangga nu sanés. Jisim abdi teu ngaraos lepat, kaulanun.
 
" Sanajan manéh teu ngaku sarebu kali ogé, manéh tetep meunang hukuman. Manéh kudu dibelok saminggu!"
 
Ki Maribaya tetep teu ngaku, kaputusan Bupati tetep teu bisa dirobah. Saterusna kaluar ti pangbelokan, Ki Maribaya ngédalkeun supata. Pokna.
 
 
Ti semet ayeuna,
aing jeung katurunan aing,
cadu alus sora,
sabab teu nguntungkeun,
kalahka nyilakaken

Ki Maribaya téh boga budak awéwé ngaranna Nyi Massetiawati. Keur parawan leungit tampa lebih ilang tampa karana, duka kamana léosna, mun aya nu maling duka saha bangsatna, mun maot teu kapanggih banusanana.
 
Budak nu kadua ngaranna Nyi Mas Setianingsih boga salaki ka Rd. Mas Surayadi. Anu saterusna boga turunan nu ngaran Ki Mas Suta, inyana ngumbara ka Cibitung Désa Sukamukti ayeuna. Terus turun tumurun nyebarkeun katurunan. Tapi sakabéhna teu aya nu alus sorana, sakumaha diucapkeun ku karuhun, teu mencog sacongo buuk.
 
 
Disusun ku: Warjita, saparakanca - Disbudpar Garut

Pencét panah kiwa/katuhu dina Kibord sangkan pindah ka artikel séjén
Navigasi
February 2017
SuMoTuWeThFrSa
   1234
67891011
12131415161718
202122232425
2728    
Stats Situs
IP Address : 114.121.232.130
Tautan Pilihan
spacer