placeholder for flash movie
Senén, 26 Juni 2017   English | Indonesia
:: Tepas  Sajarah Garut  Carita Rahayat



Sembah Dalem Arya Kopak

Dina hiji pasir nu ngaranna Gunung Kopak." Aya hiji makam karamat nu katelah "Sembah Dalem Arya Kopak", disebut ogé "Embah Mahal". Ari riwayatna kieu.

Carék ujaring carita.

Jaman distrik Nagara  kabawah ka kabupatén Sukapura di distrik nagara beulah Kalér anu kawengku ku Désa Panyindangan ayeuna. Aya dua jalma utusan Bupati Pasir panjang anu jujuluk Radén Adipati Aria.Wiradadaha alias Dalem Sawidak, anu ngaran Aria Kopak.
 
Tugasna nyaéta kudu nalingakeun kaamanan katengtreman daérah distrik Nagara beulah Kalér. Babarengan jeung saurang deui anu ngaran Puspadikiria.
 
Kacaritakeun di daérah éta dina jaman harita, éstuning sepi paling towong rampog, éstuning sepi tingtrim tiis dingin paripurna aman santosa rahayatna. Jalma-jalmana jongjon tarani, jongjon ngaharuma, éstuning teu aya barabedana naon-naon.
 
Diantara rahayat di daérah éta, aya jalma nu ngaran Ki Maryasim anu kaasup kana jagoan, hayang nyoba kana kakawasaan Aria Kopak téa.
 
Dina hiji poé manéhna indit ka tegal, nyokot munding tatanggana, nu ngaran Ki Irnasik. Tuluy éta munding dibawa ka hiji tempat, dicangcang disumputkeun. Pasosoré tatanggana téa néangan munding angonannana. Manéhna pohara ngagebeg sabab mundingna teu aya jeung tambangna, ngan aya tutunggulna wungkul. Atuh ibur salelembur éar sajajagat ceuk paribasana, hares omong manan goong. Cuw-cew pabéja-béja cenah munding Ki Irnasik aya nu maling.
 
Nu boga munding téa terus lapor ka Aria Kopak, anjeunna ngahuleng sakedap pok sasauran.
"Munding téh teu leungit, tapi aya nu nyumputkeun dihiji tegal leutik nu dikuriling ku leuweung. Jelemana urang dieu, ngaranna Ki Maryasim. Jung geura téang buktikeun!"
 
Atuh Ki Irnasik téh cedok nyembah pok unjukan.
 
"Jisim abdi permios, badé ngabuktoskeun kasauran Gamparan!"
 
"Heug Jung geura indit, Ki Maryasim giringkeun kadieu!"
 
Saterusna Ki Irnasik dibarengan ku sababaraha urang baturna indit ka tegal leutik sakumaha panuduhan Arya Kopak téa. Ari pék téh enya waé nyata sakumaha panuduhan Arya Kopak téa, munding téh aya didinya. Atuh terus cangcangannana dilaan, sarta terus ditungtun dibawa ka Ki Arya Kopak. Saméméh nepi ka nu dituju, Ki Irnasik jeung batur-baturna nyampeur heula Ki Maryasim sina ngadeuheus ka. Arya Kopak.
 
Sadatangna Ki Irnasik jeung cedok nyembah pok unjukan.
 
"Gamparan! leres pisan sakumaha kasauran téa, munding téh aya di tegal leutik, ayeuna ka bantun ku abdi."
"Mana ayeuna Ki Maryasim?" Saur Arya Kopak ka Ki Irnasik.
"Itu di buruan ngantosan, ké badé disaur heula." Jawab Ki Irnasik.
Terus Ki Irnasik ka Ki Maryasim ngabéjaan supaya ngadeuheus ka Arya Kopak. Sadatangna manéhna pok tumaros.
"Badé aya pikersaeun naon Gamparan nyaur abdi?"
"Kula téh kadatangan Ki Irnasik anu laporan ka Kula, mundingna leungit. Sanggeus ku Kula dipeleng, anu boga pagawéan téh manéh, naha manéh rumasa geus nyumputkeun munding Ki Irnasik?" Saur AryaKopak.
Ki Maryasim reup geuneuk ray pias bari ngadégég, pok ngajawab.
"Gamparan, abdi teu rumaos teu pisan-pisan ngabantun munding pun Irnasik, abdi mah teu mios ka mana-mana, aya waé di rorompok."
"Kula teu percaya kana katerangan andika, tangtu andika ngabohong ka Kaula!" Saur Arya Kopak.
"Sadaya-daya Gamparan badé nuding ka abdi, mung abdi badé nyuhungkeun saksina, anu nganyatakeun leres-leres abdi tos maling munding!" Jawab Ki Maryasim.
 
Ki Arya Kopak mindel manahna margi teu tiasa ngabuktoskeun saksi anu nganyatakeun yén Ki Maryasim maling munding. Ampir Ki Arya Kopak kadesek ku Ki Maryasim. Saurna.
 
"Ayeuna mah Kula can bisa ngabuktikeun, tapi hiji waktu ku Kula rék dibuktikeun. Jug ayeuna mah geura balik!"
Ki Maryasim teu genah haté dituding maling munding, sedengkeun saksi teu aya. Atuh manéhna ngageremet hayang nyilakakeun Ki Arya. Kopak. Terus manéhna indit ngajugjug Sukapura, lapor ka Bupati Pasirpanjang. Ngabéjakeun yén manéhna dituding maling munding ku Ki Arya Kopak, sedengkeun saksi teu aya.
 
Kanjeng Bupati éngal miwarang utusan ngangkir Arya Kopak kudu datang ka Sukapura. Ki Arya Kopak saparantos nampi panyaur, lajeng anjeunna nyaur tutunggangannana anu mangrupa maung lodaya nu pohara gedéna. Keclak ditunggangan, gaur-gaur handaruan, bérébét maung lodaya, lumpat sakalumpat-lampet, tarik manan mimis bedil lepas manan kuda lumpat ngajugjug ka Sukapura. Sadatangna ka alun-alun Sukapura, maung lodaya téa dicangcang dina akar caringin payuneun gedong kabupatén.
 
 
Atuh guyur salelembur éar sajajagat!

Masyarakat dayeuh Sukapura géhgér sarta geumpeur. Nini-nini, aki-aki, ting balecir bari wérwér kiih. Barudak pating kocéak nguping sora mating anu ngagerem di alun-alun. Gancang panto-panto imahna. ditarulakkan.
 
Ki Arya Kopak lajeng ngadeuheusan ka kanjeng Bupati Pasirpanjang alias Raden Adipati Aria Wiradadaha. Saparantos uluk salam, kanjeng Bupati pok sasauran.
 
"Syukur Ki Arya Kopak datang ka dieu. Aya masalah anu perlu dibéréskeun sagancang-gancangna!"
"Badé aya pikersaeun naon dampal gusti?" Ki Arya Kopak tumaros.
 
 
Dawuh kanjeng Bupati.
 
"Kieu Arya Kopak, aya jalma nu ngalaporkeun ka Kula, cenah andika geus nuding maling ka inyana. Sedengkeun saksi anu nguatan. éta panuding teu aya. Bener kitu?"
 
"Leres pisan Kaulanun, Tina hasil pamelang jisim abdi, leres éta jalma anu malingna!"
"Ah. ulah waka percaya kitu waé, kapan kudu aya saksi anu kuat. Cing ayeuna ku Kula rék dicoba."
"Upas kadieu!" Kanjeng Bupati nyaur Upas, Upas éngal ngadeuheus. Pok ngomong.
"ieu buah nangka nu dihareup, anu geus asak ala bawa kadieu. Ieu keur nyuguhan tamu!"
"Unjuk sumangga, gusti!" cedok nyembah bari terus ngaléos.
 
 
Sembah Mahal
 
 
Teu sabaraha lilana geus kurunyung datang bari terus nyanggakeun nangka téa. Terus upas permisi ka kanjeng Bupati.
Kanjeng Bupati mayun ka Ki Arya Kopak, pok sasauran.
"Ki Arya, ieu Kula boga nangka asak, cik pangneguhkeun sabaraha sikina?"
"Dawuh gusti, abdi teu tiasa neguh. Nu uninga iwal ti nu Maha Kawasa," sanggém Ki Arya Kopak.
"Lamun kitu, geuning Ki Arya bisa norah nu maling munding. Atuh meureun ukur dikira-kira, nya!"
"Teu pisan-pisan gusti, abdi ukur nginten-nginten éta mah leres-leres hasil pelengan sim abdi, Kaulanun!"
"Ah teu bisa jadi," saur Bupati, "cing coba buktikeun kabisa andika!"
Kumargi Arya Kopak kadesek, pok mihatur.
"Gusti, saéna mah éta jalmi anu lapor ka gusti, sina kadieu ku abdi badé dibuktoskeun."
"Heug!" Saur Bupati. Teras maréntah Upas supaya ngajagragkeun Ki Maryasim. Saparantos hadir, lajeng Bupati sasauran.
"Cing coba buktikeun hasil pelengan andika téh."

Pok Arya Kopak ngalahir.

"Ieu nangka téh sikina mung hiji-hijina, sarta éta sikina kudu mecat keuna ka nu maling munding!"
Naa... éta mah anéh bin ajaib!
Ari beletuk téh nangka téa bitu, sarta sikina ngagéblag mecat, jebet neumbag kana dadana Ki Maryasim téa nepi ka ngagéblag nangkarak. Mengkaning siki nangka téh gedéna sagedé Congo bitis.

Sartabener sikina téh ngan hiji-hijina.
Atuh kanjeng Bupati téh ngagebeg, pok sasauran.
"Aduh pohara ajaibna ieu kajadian téh! Naha enya manéh Maryasim rumasa maling munding sarta disumputkeun ku manéh?
" Ki Maryasim bari ngadégdég.
"Sadaya-daya gusti, abdi rumaos parantos ngabantun sareng nyumputkeun munding pun Irnasik. Pamugi kersa ngahapunten kana kalepatan abdi, gusti!"
"Teu bisa dihampura, manéh géus mitnah jelema. Manéh géus ngagujrudkeun. Manéh kudu dipenjara!"
Bupati mayun ka Arya Kopak.
"Ki Arya, andika sanés jalma joré-joré, andika jalma, Sakti. Kulantaran kitu élmu teu aya di jalma lian, ku Kaula andika dibéré gelar: Sembah Mahal. Sabab élmu andika bener-bener mahal, nu séjén euweuh,.nu boga."
"Haturnuhun gusti kana sagala kumia ti dampal gusti, sareng Sim abdi badé supata, nyaéta:
 
 
Ti hilir semet Gudabig,
ti girang semet Gunung Meungpeuk,
moal aya paling moal aya rampog,
lamun aya nu wani-wani ngalanggar,
pasti bakal jadi babandan."
 
 
Ki Arya Kopak dilélér ganjaran mangrupi anggoan, artos sareng bekel keur di jalan. Saparantos permisi kéclak tumpak maung lodaya, blur dilumpatkeun rék mulih deui ka tempat tugasna di distrik Nagara beulah Kalér
.
Saparantos anjeuna dipundut rahayu, dicandak ku nu Kawasa, dikuburkeun dipuncak Gunung nu katelah Gunung Kopak. Sarta jenenganana ka mashur “ Sembah Dalem Arya Kopak, alias Sembah Mahal”
Tug nepi kakiwari di daérah nu kasebut diluhur can pernah aya rampog atawa bangsat gedé. Lamun aya bangsat nu kaitung rada gedé wani-wani liwat ka daérah éta, pasti ka tangkep ku nu berwajib.
Jeung deui, siki nagka téa dicandak ku arya kopak, lajeng sikina dipeulakeun dileubatkeun padumukan anjeuna.

Disusun ku: Warjita, saparakanca - Disbudpar Garut

Pencét panah kiwa/katuhu dina Kibord sangkan pindah ka artikel séjén
Navigasi
June 2017
SuMoTuWeThFrSa
    123
45678910
11121314151617
18192021222324
252627282930 
No Activities.
Stats Situs
IP Address : 207.46.13.38
Tautan Pilihan
spacer