placeholder for flash movie
Rebo, 23 Agustus 2017   English | Indonesia
:: Tepas  Sajarah Garut  Carita Rahayat


Sasakala Blok Naringgul

Di Kampung Lengkong Kaler bawahan Désa Sindangsari Kacamatan Cisompet Kabupatén Garut. Aya hiji daérah nu katelah Blok Naringgul nu legana puluhan héktar. Éta daérah pinuh ku batu nu pohara galedé jeung nu mareujeuhna lobana leuwih kana ratusan, mungkin rébuan. Tinu gedéna leuwih ti gédong nepi ka nu sagedé émbér. Tadina disangka urut gunung bitu saperti batu-batu nu nyaeur Nagara Karobakan.' Tapi di daérah éta teu aya gunung nu gedé sarta seuneuan, sugan urut urug jaman baheula, teu aya urutna. Na urut naon atuh? Cenah ceuk sasakala kieu.

Carék ujaring carita

Jaman harita di daérah éta aya hiji karajaan nu katelah Nagara Daha. Nu jadi rajana katelah sang Raja Gurit Sakti. Papatihna katelah Gurit Salaka.
 
Kaayaan nagarana ngagaruda ngupuk dilingkung ku pagunungan, walungan cur-cor, éstuning tanah subur pisan. Pangeusina éstuning cukup sandang cukup pangan. Sepi paling towong rampog. Genah ripah loh jinawi. Tiffs dingin paripurna.
 
Dina hiji poé.
 
Sang Raja sinewaka ngabarempagkeun tina hal katamuan ku hiji istri nu keur bobot, nu katelah Nyi Sumur Bandung. Minta panangtayungan ti karajaan Daha kulantaran diarudag ku rahayat nu barontak ka nagarana.

Gurit Sakti sasauran.
 
"Kakang Patih, sakumaha kauninga, ka urang mundut panangtayungan. Réhna di nagarana aya huru hara. Kumaha mun engké nu nyusulna tarepi ka dieu?"
 
Dawuh Patih.
 
"Duh sang Raja sembaheun pun Kakang, ku émutan sanaos dugi ka kumaha ogé, urang wajib nangtayungan."
 
"Kumaha mun nu nyusul tat ngamusuhan ka urang?"
 
"Saéna mah gusti, saméméh darongkap nu nyusul, urang kedah parantos sayaga, kaulanun!"
 
"Tah éta mah Rai nyanggakeun was kana kabijakan Kakang!"
 
"Unjuk sumangga, kaulanun! Rai mah sing raos-raos waé, pun Kakang nu tanggel waler." Jawab Patih.
 
Sanggéus sinewaka bubaran, terus sang Patih ngumpulkeun senapatina supaya ngeprik balad ngajaga di pos masing-masing.
 
Kacaturkeun heuleut sababaraha poé ti harita, utusan pemberontak daratang ka nagara Daha. Terus dideuheuskeun ka sang Raja. Sanggeus amprok, sang Raja sasauran.
 
Hé Ki Silah, arandika nu ti mendi, lembur mah banjar karang pamidangan?"
 

Utusan.

"Hé sang Raja, kaula asal ti Nagara Mandalaayu. Diutus ku pamingpin kaula nu katelah Ki Manggala Wisésa, maksudna rék nyusul Nyi Sumur Bandung rék dibawa ka nagara kaula, rék dihukum mati!"
 
"Hé utusan, béjakeun ka pamingpin andika, kaula moal bisa masrahkeun Nyai Sumur Bandung sabab éta mah tamu kaula, wajib dihormat jeung ditangtayungan ku kaula!"
 
"Hé sang Raja, ana kitu andika nangtayungan musuh kaula, jadi andika gé musuh kaula?"
 
Sang Raja sasauran leuleuy.
 
"Nya ari ten bisa ku jalan damai mah, éta mah kumaha kahayang andika waé, ku kaula moal burung dianteur!"
 
"Sang Raja, kaula amit mundur!"
 
Terus maranéhna kalaluar baralik ka nagarana. Sabubarna utusan, di Nagara Daha pohara harénghéngna. Bangsa barang-barang nu aya ajena diungsikeun diasupkeun kana guha-guha atawa lombang-lombang. Sakabéh lalaki nu jaragjag nyarekel pakarang, aya tumbak, kuli, cagak, gobang, keris, bandring, garonggang jeung sajabana. Satiap pasir nu ngurilingan puseur dayeuh dijaga ku bala tentara Nagara Daha dipimpin ku senapati nu katelah Ki Purba Caraka.
 
Kacaturkeun dina hiji poé.
 
Burudul pasukan pemberontak di bawah pimpinan Ki Manggala Wisésa. Teu tata pasini deui, ger tarung antara balad Daha jeung balad Mandalaayu. Barisan ti Mandalaayu loba pisan jalma-jalma pilihan nu geus aya pangalaman dina pemberontakan. Sedeungkeun dipihak Daha mah ampir sakabéhna kurang pangalaman perang, sabab nagarana nagara pertanian. Teu sakumaha lilana balad Daha géus corengcang terus mundur ka jero kota. Atuh diberik ku balad Mandalaayu.
 
Kaayaan di jero kota pahibut brugbreg narulakan panto. Sawareh pasukan Daha ngalawan ti jero kota. Juragan Patih jeung senapati Purba Caraka cuhcih ngatur pasukan pikeun ngapertahankeun kota.
 
Sang Raja diwartosan yén balad-baladna ampir-ampir kadesek. Ras anjeunna. émut ka Guruna, Embah Balung Tunggal nu aya di Kuloneun Nagara Daha. Padépokarmana di lebakeun Gunung Manggu beulah Kulon. Enggal anjeunna ngintun utusan mundut bantuan ti Guruna nu sakti mandraguna.
 
Sadatangna utusan ka Embah Balung Tunggal, pok nyarioskeun lalakon di Nagara Daha nuju kenging karerepot dijorag ku musuh ti Nagara Mandalaayu. Sang Raja mundut tulung saéngal-éngalna.
 
Embah Balung Tunggal nyanggupan. Lajeung anjeunna sidakep sinuku tunggal manteng ka Yang Widi mundut pertulungan. Lajeng anjeunna ngageblig bumi tilu kali, sakeudet nétra parantos nyembah payuneunana hiji Jin Marid nu ngarana Ki Uwes Alqofi. Balung Tunggal lajeng maréntah, pokna.
 
"He Uwes, manéh kudu ngumpulkeun batur-batur manéh! Bantuan balad-balad sang Daha, ayeuna kadesek ku balad Mandalaayu."
 
"Unjuk sumangga."
 
Cedok nyembah leus indit gancang nyaur balad-baladna. Terus diparéntah ngumpulkeun batu ti walungan-walungan, ti gunung-gunung. Éta batu dipaké nimbulan balad-balad Mandalaayu. Atuh sawaé teu pilih bulu ngagaleuy balad Daha, balad-balad Mandalaayu teu aya anu mangapulia bubar katawuran, sabab dihujanan batu-batu mangrebu-rebu, tinu sagedé sirah nepi kanu ngajalunggiring saluhureun gédong. Atuh nya kaayaan Nagara Daha téh ruksak urut katinggang ku batu-batu téa, jalma-jalma nu salamet ngarungsi ka Gunung Manggu nganarabakan di dinya, tug nepi ka kiwari loba kuburan-kuburannana. Ari sang Raja jeung nu séjén-séjén ogé sami ngantunkeun, dayeuh karajaan.
 
Nyai Sumur Bandung mah teu kersaeun kaluar ti gédong karajaan, terus wé mujasmedi siang wengi di jero kamarna. Takdir teu kenging dipungkir kadar teu kénging diudar, karajaan saling finis jadi Tegal Ratu nu disebut Blok Naringgul. Gédong karajaan jadi guha batu nu pohara gedéna sarta angkrong pisan.

Ceuk ujaring nyarita Nyai Sumur bandung robah rupana jadi Maung Bodas, tug nepi ka kiwari aya di Guha Nagara Daha. Éta guha téh nepi ka kiwari sok dipaké guha Maung, jeung maung-maung nu ngadon ngajuru didinya. Tapi sanajan éta guha aya maungna ka ingon-ingon ti kampung nu deukeut ka dinya, tara daékeun ngaganggu.
 
Ti jaman baheula nepi kaayeuna can kabéjakaun aya sato héwan nu rahayat di dinya ditekuk maung. Lamun urang ngaliwat ka daérah Nagara Daha tanah nu katincak ku urang téh sorana ngagelendrung atawa drung-drungan, saperti urang leumpang luhureun lombang. Ceuk kapercayaan, unit nyumputkeun harta pusaka penduduk Nagara Daha téa jaman peperangan baheula.
 
 
Disusun ku: Warjita, saparakanca - Disbudpar Garut

Pencét panah kiwa/katuhu dina Kibord sangkan pindah ka artikel séjén
Navigasi
August 2017
SuMoTuWeThFrSa
  12345
6789101112
13141516171819
20212223242526
2728293031  
No Activities.
Stats Situs
IP Address : 54.224.75.202
Tautan Pilihan
spacer