placeholder for flash movie
Senén, 25 September 2017   English | Indonesia
:: Tepas Seni Budaya Wangunan


Masjid Cipari

Ceuk sasaha gé Masjid Cipari mah ahéng. Para ahli gé apan mineng madungdengkeun wawangunan éta masjid. Naon ahéngna?
Mun ditilik wangunannana, ti kaanggangan gé geus bréh bédana. Batan mirupa masjid siga umumna wawangunan masjid nu aya di Garut, Masjid Cipari mah wawangunanana deukeut-deukeut kana wangunan Garéja. Jaba arsitekturna minculak. Ceuk para ahli arsitéktur, cenah éta masjid téh diwangun maké gaya art deco. Gaya art deco téh teu anéh di kota-kota mah, tapi ieu mah pan ayana gédi pilemburan anu kawilang sikluk, di Cipari, nu ayeuna kabawah ka Kacamatan Pangatikan, Garut.

Lian ti éta, Masjid Cipari téh kagolong masjid kuno sarta réa sajarahna. Masjid Cipari saenyana geus aya ti taun 1895 kénéh. Tapi harita mah basajan kénéh pisan. Ayana di tengah-tengah Pasantrén Cipari nu dikuriling ku 20 imah. Taun 1933, K.H. Harmaén anu mingpin éta pasantrén ngantunkeun sarta diganti ku putrana, K.H. Yusuf Tauziri. Nya jaman dicepeng ku K.H. Yusuf Tauziri, éta masjid dirénovasi nepi ka anggeus dina taun 1935 sarta legana 75 x 30 meter. Ari wangunna nya siga ayeuna. Di terasna aya munara jangkung anu sok dipaké tempat adan. Ari kandel témbokna teu kurang ti 40 séntiméteran.
Teu kungsi jinek, saha sabenerna anu jadi arsiték éta masjid téh. Haryoto Kunto anu kungsi ngabahas arsitéktur éta masjid dina tulisanana nyebutkeun yén bisa jadi anu ngararancang wangunan éta masjid téh Holle sadulur (Andrian Holle jeung K.F. Holle) ti perkebunan entéh Waspada, Cikajang. Soalna, Holle sadulur mineng ngalangkung ka Cipari sarta kungsi nganjang ka pasantrén. Tapi ceuk katerangan ti pangurus pasantrén, anu milu ngararancang wawa¬ngunan masjid téh Abikusno Cokrosuyoso, ketua Partai Sarikat Islam Indonesia (PSSI) dina jaman kolonial. Munasabah, da K.H. Yusuf Tauziri téh apan anggota PSII anu kaitung gedé pangaruhna.

Ngan anu écés, boh salila jaman Walanda, jaman Jepang, boh jaman Révolusi, éta masjid geus jadi saksi sajarah kumaha campuhna perjuangan bangsa urang enggoning ngabéla hak jeung bebeneran. Malah dina jaman DI éta masjid kungsi 52 kali diserang ku pasukan Karto Suwiryo, tapi teu kungsi runtag. Nepi ka ayeuna éta masjid angger ngadeg bari agréng jeung weweg. Hanjakal, tilas-tilas pélor jeung mitraliyur anu baheula tingdarewo dina témbok jeung munarana, ayeuna mah geus ditambalan jeung dipulas.
 

Pencét panah kiwa/katuhu dina Kibord sangkan pindah ka artikel séjén
Navigasi
September 2017
SuMoTuWeThFrSa
     12
3456789
10111213141516
17181920212223
24252627282930
No Activities.
Stats Situs
IP Address : 46.229.168.70
Tautan Pilihan
spacer