placeholder for flash movie
Senén, 25 September 2017   English | Indonesia
:: Tepas Has Wewengkon Wangunan/Arsitektur


Alun-alun Garut

Lumrahna kota titinggal jaman baheula, Kota Garut gé ngabogaan alun-alun. Éta alun-alun téh teu béda polana jeung alun-alun nu aya di tempat séjén. Éta pola teh ngawengku wawangunan masjid (nu baheula sok disebut bale  nyungcung), pendopo, jeung babancong, pangbérokan atawa bui/penjara, sarta pasar. Ari sisi-sisina sok dikuriling ku jalan.

Tah di alun-alun Garut ogé pola kitu téh nyampak. Di kiduleun alun-alun aya pendopo Garut jeung imah bupati. Para bupati Garut baheula gé pan di dinya lalinggihna. Di hareupeun pendopo aya babancong. Baheula mah pungsina téh pikeun tempat calik para. gegedén mun di alun-alun aya acara raraméan. Babancong ogé sok dipaké  tempat  pikeun pajabat atawa gegedén nepikeun pidato ka jalma réa. Nepi ka kiwari gé babancong alun-alun Garut mah kapiara tur masih dipaké pikeun tempat calik pars pajabat saupama aya upacara atawa raraméan di alun-alun.

Di kuloneun alun-alun Garut aya Masjid Agung Garut nu umurna kawilang kahot. Di tukangeun wawangunan  masjid aya  komplék  makam bupati-bupati Garut. Nya di dinya dikurebkeunana para bupati jeung gegedén Garut baheula téh. Di antarana aya makam R.H.
Muhamad Musa, panghulu Kabupatén Garut abad ka-19 anu ngarundaykeun sawatara urang bupati Priangan.

Wétaneun alun-alun aya pangbérokan (bui, penjara, atawa lembaga pemasarakatan/LP). Nepi ka ayeuna gé éta pangbérokan teh masih dipungsikeun pikeun ngurung jalma-jalma anu kungsi milampah kajahatan. Sedengkeun di kaléreunana aya Kantor Pembantu Guber¬nur Wilayah Priangan, anu cenah baheulana mah kantor Kontrolir Walanda.

Loba peristiwa penting anu kungsi kajadian di alun-alun Garut. Di antarana kajadian riributan anti-Walanda nu kajadian jaman Jepang. Eta riributan teh geus ngancurkeun monumén Karel Frederic Holle (anu ku urang Garut katelah Tuan Hola atawa Tuan Holeu) nu perenahna di sisi kalér alun-alun Garut. Holle téh urang Walanda anu gedé jasana dina ngamajukeun kahirupan urang Garut. Pangna diadegkeun monuménna gé kapan keur miéling jasa-jasana téa. Nepi ka ayeuna éta monumen téh teu puguh laratanana. Aya béja majar dikubur di juru alun-alun.

Kiwari alun-alun Garut dipungsikeun jadi ruang publik. Di antarana sok dipaké pikeun tempat hiburan, upacara kanagaraan jeung kaagamaan, ogé sok dipaké tempat keur olahraga ku masarakat.

Pencét panah kiwa/katuhu dina Kibord sangkan pindah ka artikel séjén
Navigasi
September 2017
SuMoTuWeThFrSa
     12
3456789
10111213141516
17181920212223
24252627282930
No Activities.
Stats Situs
IP Address : 54.81.88.93
Tautan Pilihan
spacer