
:: Tepas Budaya Sunda Wangunan/Arsitek |
|
|
| Ciri Wangunan Adat/Has Sunda |
|
Panggung Ciri has imah Sunda nyaéta panggung (aya kolongna). Bedana jeung imah panggung sélér bangsa séjén (Batak, Dayak, Minangkabau), nyaéta kolong imah Sunda mah henteu pati luhur (40-60cm), siga kolong imah urang Jepang. Upama aya imah di Tatar Sunda anu lain panggung, tapi ngupuk saperti di daerah Tatar Kalér eta mah pangaruh Budaya Jawa. Suhunan/Hateup Suhunan jolopong: suhunan nu lempeng. Mun basa Indonesia mah, atap pelana. Siga pelana kuda. Bisa disebut oge suhunan panjang, gagajahan, jeung régol.
Buka palayu: suhunan siga imah Betawi aya téras panjang di hareup.
Ciri Sejen Ciri sejenna ayana capit hurang (cagak gunting), nyaéta babagian tungtung hateup (suhunan) anu dirupakeun cagak atawa bisa oge saperti tanduk munding, malah aya anu dibuleudkeun , biasana tina kai, atawa awi anu dibulen ku injuk. Gunana cagak gunting diantarana pikeun nyegah cai hujan bocor ka jero imah, jadi siga pungsi talang. Jaba ti éta cagak gunting téh dianggap ogé ngandung tanaga gaib pikeun nyegah pangaruh négatip.Ari wangun imah, biasana pasagi panjang. Lanténa make palupuh awi, bilikna tina awi dianyam atawa ku sasag. Rangkay imah dijieunna tina kai. Maké tatapakan tina batu. Rohangan imah dibagi nurutkeun babagian anu husus. Nyaeta bagian hareup tepas (émpér) pikeun ngumpulna semah lalaki. Enggon (kamar saré) jeung bagéan dapur (hawu jeung padaringan gudang tempat neundeun béas = pabéasan), bagean tukang ieu mah pikeun awéwé. Pangpangna padaringan (goah, pabéasan) kacida dilarangna lalaki asup ka daérah éta. |