Warga Kampung Sender, Désa Cisitu, Kacamatan Malangbong, Kabupatén Garut kiwari ngarasa ringrang. Hal kasebut kusabab ayana retakan taneuh sapanjang 50 méter, rubak 30 centimeter, jeung jero 1 méter.
Ngaliwatan musyawarah warga, Rebo (10/3) sajumlah 10 KK atawa kira-kira 50 jiwa baris direlokasi ka tempat anu dianggap leuwih aman sarta henteu laér teuing ti lokasi. Di tempat anu sarua, balong anu bogana Eman jeung ukuran 20X30 méter, cai sarta eusi balong béak kasedot retakan taneuh kasebut. Kitu anu ditepikeun Camat Malangbong, Drs. Nandang Sulaksana, M.Si ngaliwatan Kapala Bagian Informatika Setda Kabupatén Garut, Drs. Dikdik Hendrajaya.