ASEP INDRA

Assalamualaikum… Punten sim kuring bade ngiring usul kanggo pemerintah kabupaten Garut khususna kanggo bapa bupati. Abdi linggih di kecamatan malangbong desa cihaurkuning mung tos caket ka desa sanding (di perbatasan desa cihaurkuning-sanding). Di caket rorompok sim kuring aya sakola mung sakola eta tos lebet ka desa sanding anu namina SDN SANDING 7. kumargi sakola eta aya di perbatasan 3 desa (sanding-cihaurkuning-bunisari) tos tangtos seueur murangkalih ti masing-masing desa eta anu dialajar di sakola eta. antukna sakola eta minangka sakola anu pang seueurna siswa di desa sanding (229 siswa). mung hanjakal teu ka dukung ku sarana-prasarana bahkan kakirangan tenaga pengajar. sajabi ti eta, bangunan sakola anu mung 4 lokal teh tos reksak parah (saur abdi mah teu layak dianggo belajar, malihan upami dugi kauninga ku warga luar garut, abdi ngraos isin gaduh sakola siga kitu). panuhun ka bapa bupati tiasa mereskeun masalah-masalah anu aya di ieu sakola, kanggo kajayaan kabupaten garut. hatur nuhun kana sadaya perhatosanna, hapunten tina sadaya kalepatan abdi. Wassalam…

Redaksi :
Waalaikum salam kang Asep Indra, hatur nuhun kana perhatosanna ka kamajengan Garut urang, insyaallah sumbang saranna didugikeun ka Bapa Bupati