peta situs kontak kami
Salasa, 22 Mei 2012   English | Indonesia
jeruk garut
assalamualaikum.... bingah sareng ngarojong pisan ku…
Ass. Punten Ka Bapak Bupati/Wak Bupati…
LIHAT DI : http://madrasahdiniyahnurulhuda.blogspot.com/
Ass,pnten ngiring lbet,ka bpa2 anu d…
Nulis Buku Tamu lewat SMS:081221212124
Pencét panah kiwa/katuhu dina Kibord sangkan pindah ka artikel séjén
Mei 2012
MiSeSeRaKaJuSa
  12345
6789101112
13141516171819
2021
22
23242526
2728293031  
No Activities.
Sindikasi
:: Direktori : Paribasa Sunda : s z_html
  Wiwirang di kolong catang nya gede nya panjang   
Wiwirang nau pohara gedena
  Waspada permana tingal   
Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian
  Uyah tara tees kaluhur   
Galibna sipat indung bapa anu harade atawa anu goreng sok diturunkeun ka anak incuna
  Ulah nyaliksik ku buuk leutik   
Ulah nyangsarakeun rakyat leutik
  Uncal tara ridu ku tanduk   
Duduluran karumpul kabeh
  Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan   
Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa kabengbat ku rupa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade
  Ulah tiis tiis jahe   
Kudu iatna, kudu cingceung
  Ulah pangkat memeh jeneng   
Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng
  Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian   
Ulah rebutan kakawasaan
  Ulah ngukur baju sasereg awak   
Ulah menyimpulkan nurutkeun diri sorangan
  Ulah ngaliarkeun taleus ateul   
Ulah nyeubarkeun fitnah
  Ulah muragkeun duwegan ti luhur   
Masing nyaah kana rejeki meunang hese cape ladang kesang, pacuan arek dimonyah monyah
  Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina   
Kudu nuturkeun etika anu aya
  Ulah leutik hati   
Ulah sieun atawa putus pangharepan
  Ulah keok memeh dipacok   
Ulah sieun saacan ngalakonan
  Ulah kabawa ku sakaba-kaba   
Ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna kabawa jurig, dedemit
  Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung  
Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila beuki nyaah
  Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung   
Ulah sok bosenan ari ka pamajikan teh, hadena mah ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot teh, lain beuki lila beuki bosen tapi kudu beuki lila beuki welas asih
 1 2 3 >  Akhir ›
Navigasi
Stats Situs
[Atas]:Jumlah Hit Halaman
[Tengah]:Total Pengunjung
[Bawah]:Pengunjung Hari Ini
 
IP Address : 38.107.179.243
Tautan Pilihan
Panghargaan
spacer