Fenomena Pamaké Facebook
Kamajuan téknologi ayeuna henteu bisa mangkir sumawona ditampik. Pikeun para pelajar, mahasiswa, pagawé negeri atawa swasta ngaran internet lain hal anu teu dipikawanoh alatan salila ieu maranéhanana bisa nalungtik sagala rupa informasi naon waé anu dipikahayang ku kituna ngarojong rasa hayang nyaho anu leuwih laér ngeunaan sagala hal. Tapi loba ogé energi négatif anu timbul gara-gara internet alatan euweuh aling pikeun ngaksés naon waé, kaasup fornografi sarta fornoaksi dinegeri sorangan atawa luar negeri.