Pamingpin Idéal dina Naskah Sunda
Kahumadeuar anu nandangan masarakat ngeunaan kapamingpinan, meujeuhna pikeun ditalungtik. Hal ieu alatan masalah kapamingpinan patali jeung sipat, karakter, sarta kawijakan ”lulugu” dina nungkulan hiji masalah anu lumangsung di masarakat atawa dina hiji komunitas nu tangtu. Tulisan ieu saukur ngungkabkeun sawaréh ”kaarifan lokal” kapamingpinan sakumaha kacicikeun dina naskah Sunda buhun abad 16 Masehi, hususna anu patali jeung masalah tungtunan moral atawa padoman pikeun pamingpin dina ngalaksanakeun pancén sarta kapamingpinanana ambéh junun sarta dicinta rahayat sarta bawahana.